Labu Siem Pikeun nyegah kanker
Labu siem atawa jipang, ku urang Jawa leuwih dikenal ku sebutan "waluh jipang", anu dina basa Inggrisna nyaeta Sechium edule atawa chayote mangrupakeun tutuwuhan suku lalabuan (Cucurbitaceae) anu buah jeung pucuk ngorana bisa didahar. tutuwuhan ieu ngarambat dina taneuh atawa sarta bisa dibudidayakeun di pakarangan, biasana di deukeut balong. Bentuk daunna segitiga, sarta buluan di bagian dasarna.
Labu siem boga mangpaat anu loba. Sayur anu hargana relatif murah ieu mangrupakeun kadaharan anu alus keur kasehatan jantung, mampuh nyegah panyakit kanker, sarta alus pikeun ibu-ibu anu keur ngandung.
Mangpaat labu siem:
Pikeun nyegah kanker. Labu siem boga kadar serat anu alus, nyaeta 1,7 mkg per 100 g. Ngonsumsi serat dina jumlah anu cukup, hade keur ngubaran nyeri beuteung jeung aman keur lambung anu sensitif, atawa radang usus. Serat pangan anu aya dina labu siem bisa ngurangan resiko panyakit kanker anu disababkeun ku sistem pencernaan anu henteu sampurna.
Serat pangan mampuh ngurangan transit time kadaharan ti mimiti sungut nepi ka sesa kadaharan kasebut dikaluarkeun dina wujud feses. Salila cicing dina saluran pencernaan, serat pangan bakal newak zat-zat karsinogenik (panyabab kanker). Lantaran singketna transit time sesa kadaharan dina saluran pencernaan, waktu zat karsinogenik cicing dina awak urang oge beuki gancang. Ku kituna, bisa nyegah panyakit kanker. Mindeng ngonsumsi labu siem hartina ngajauhkeun kanker usus tina kahirupan urang.
Kadaharan nu alus pikeun ibu-ibu anu keur ngandung. Asam folat penting pisan keur ibu-ibu anu keur ngandung, lantaran bisa ngurangan resiko lahirna orok cacad. Konsumsi asam folat anu saeutik pakait pisan jeung beurat awak orok sarta kajadian neural tube defects (gangguan otak). Kandungan asam folat dina labu siem nyaeta 93mkg per 100 g. Konsumsi 100 g labu siem unggal poe cukup minuhan 23,25% kabutuhan awak tina asam folat.
Pikeun nyegah hipertensi. Labu siem oge beunghar ku kandungan kalium. Kalium boga fungsi keur ngendalikeun tekanan darah, terapi darah tinggi, sarta ngaberesihan karbondioksida dina getih. Kalium oge boga mangpaat pikeun ngadorong gawe otot jeung simpul saraf. Kalium anu gede oge bakal ngaancarkeun pangiriman oksigen ka otak sarta ngabantu ngalancarkeun kasaimbangan cairan, ku kituna awak jadi leuwih seger. Salian ti sipatna diuretik, kandungan alkoloidna bisa ngabuka pembuluh darah anu kasumbat. Ku kituna, labu siem bisa nurunkeun darah tinggi.
Pikeun nurunkeun kolesterol. Labu siem oge ngandung komponen vitamin anu cukup gede. Niasin mangrupakeun bagian tina vitamin B kompleks anu disebut vitamin B3. Pungsina pikeun nurunkeun produksi VLDL (very low density lipoprotein) dina ati, ku kituna produksi kolesterol LDL (low density lipoprotein) jeung trigliserida bisa turun. Rutin ngonsumsi labu siem alus pikeun nurunkeun kolesterol.
Pikeun ngubaran asam urat. Efek diuretik tina labu siem bakal ngalancarkeun pamiceunan cai dina jero awak. Ku kituna, kaleuwihan asam urat bisa geuwat dikaluarkeun tina jero awak.
Pikeun ngubaran panyakit diabetes melitus. Labu siem alus keur anu boga panyakit diabetes melitus. Hal ieu lantaran dina labu siem aya karbohodrat anu cukup gede jumlahna. Ki kituna, anu boga panyakit diabetes melitus teu perlu ngonsumsi kadaharan poko kaleuleuwihan. Konsumsi rutin labu siem anu geus diseupan, lantaran kandungan patina ngawaregkeun.
Ngubaran barusuh. Pikeun ngubaran barusuh, urang bisa ngadahar labu siem minangka deungeun sangu sanggeus diseupan atawa dikulub. Tapi, labu siem kurang hade keur anu boga panyakit reumatik, lantaran sipat dagingna bisa jadi pamicu datangna kasakit.(*/ gege)
Artikel Terkait
Jampe , Jeruk Nipis Ngubaran batuk, Amandel
Jampe, Mahkota Dewa ngubaran Desentri, jarawat
jampe, Kulit Manggah ubar Cacingan