Humor, Sasieur Sabeunyeureun
Diantawis ciri has anu mandiri pikeun urang Sunda, nyatana resep ”humor”
(heureuy, ngabojeg, ngabodor, guyon, gogonjakan jst.). Numutkeun para ahli ”kejiwaan”, humor teh ngagambarkeun kualitas ”kecerdasan-intelektual”, ”kematangan-emosional” sareng ”kepribadian”, kalebet karakter ( tabeat, atanapi watak ) hiji jalma.
Cindekna mah, yen kualitas hiji jalma bisa oge diukur tina ”kualitas selera
humorna”.Naha leres kitu ?. Manawi, teu langkung. Da mungguhing jalma mah gaduh pandangan sewang-sewangan. Sanaos kitu, teu aya lepatna upami urang nitenan atanapi nulad ka ”aranjeunna” anu gaduh luang pangalaman bari sering ngadawamkeun humor, saha anu terang sasieur sabeunyeureun aya pulunganeunana.
Mangga urang pedar, anu kuring inget, tamba gado ngaburayot, sumuhun, urang
ngawitan ti Gus Dur suwargi ( Bapa Bangsa, pupuhu sareng anutan para Nahdiyin ).
Gur Dus parantos kakoncara tukang atanapi pakarna humor intelek. Contona humor soal Pulisi, saur Gus Dur, di Indonesia mah ngan aya tilu Pulisi anu jujur teh ; kahiji Pulisi tidur,
kadua patung Pulisi, katilu Bapa Pulisi Hugeng ( Mantan Kapolri ) kapungkur.
Saur Gus Dur keneh, humor ieu mah rada ”pikapaureun” matak helok sareng matak
”gegebegan jantung” jalma borangan, diheunteu-heunteu oge da obyek humor anu ieu mah ”nyentil” kapribadian sareng kalungguhan Bapa Presiden anu ku urang dipihormat. Nanging da kanggo Gus Dur mah teu aya karingrang, jiga sasarina wae, nyariosna oge meni ararenteng pisan, sanggemna : ” Presiden anu kahiji sedep (resep) ka awewe, Presiden anu kadua sieun ku awewe, Presiden anu katilu sapertos ( jiga ) awewe....! ”.
Di urang di tatar Sunda, ulah hilap ka tokoh kang Ibing (suwargi, pamugi Gusti
Allah swt. masihan rahmat kubur kamantenna....amin !). Humor kang Ibing mah iwal ti ku ucapan ( ku bahasa verbal, basa lisan ) ku anjeunna mah sok ”disampurnakeun” ku tindakan anu nyata kajanggelek, contona ; dina hiji waktos kang Ibing kabiruyungan gaduh mobil anyar, waktos sumping ka Radio Mara (profesi anjeunna sadidinten) dina mobil indrayenna tea (di jok pengker) dimuatan domba Garut (diantawis kalangenan anjeunna, nya geten miara domba), dugi ka parkiran, langsung diriung ku balad-baladna, sadayana oge anu nyaksian harita ngaraos kaget mimitina mah, jrut kang Ibing turun, berele domba oge diturunkeun, ger atuh sadayana ear-seuri meni saheng, matak se-eleun kulit beuteung, ari
kang Ibingna mah nyarios meni kalem : ” tah, kitu uing mah...., entong ka jalma dalah domba oge ku uing mah dimulyakeun sina ngajaran naek mobil weuteuh....he....he....he....! ”.
Dina hiji waktos, masih humor sareng tingkah polah kang Ibing keneh, anjeunna
diogan kedah ngahadiran rapat ( seminar ), tema eta uleman bade nyawalakeun sikap ”kapahlawanan”, bubuhanan harita teh sasih Nopember bade mieling ”hari Pahlawan”.
Sadaya uleman parantos sami hadir, kajabi kang Ibing anu teu acan katingal teh. Teu kantos lami gurudug kang Ibing sumping disarengan ku hiji Sepuh, eta si Sepuh mapahna rada rundag randeg, katingal jiga anu tumarumpang, nanging da ari dedegan sareng raksuk-kan mah kaprah wae sareng nu sanes ; kaluhur dibatik panangan ”lengan panjang”, dikerepus (dikopeah) hideung najan sanes weuteuh, nanging da heunteu belel, mung ari dampal pean mah geuning buligir teu disapatu malah teu nganggo sendal capit-capit acan.
Waktos giliran biantara kang Ibing medar meni serius pisan yen Sepuh anu dicandak
kuanjeunna teh salah sawios pahlawan veteran perang kamerdikaan.
Dugi weh ka acara patarosan, si Sepuh pada naros, direntog kusadayana anu sami
hadir, rupina mah banget ku ”panasaran”, nya tokoh veteran ti ”kesatuan” mana, saha wastana, oge urang mana tea atuh anjeunna teh ?. Baruk nembean tepang, nembean pendak,
sareng asa anyar pinanggih ? Ari si Sepuh, direntog ku itu ku ieu teh timbang alangah elengeh, ngawaler sahayuna teu saregep, malah seseringna mah teu nyararambung pisan.
Ahirna mah teu burung kabuka kedokna, utamana sanggeus kang Ibingna di
guliksek, kang Ibing nembe wakca, pok ngawaler bari nyerengeh, saurna : ” ....tadi di tengah jalan basa uing kadieukeun, bet diparengkeun ningal ieu Sepuh keur hulang-huleng bangun anu bingung, gancang ku uing disampeurkeun, terus didandanan, nya dibawa kadieu.
Apanan goreng balung oge manehna teh ’pahlawan’, minimal ’pahlawan’ keur kulawargana atawa keur sadirieun manehna sorangan....he....he.....he.....! ”. Cag !(EHW).