Kaulinan Bola Babuk
Saurang pegolf ngagebugkeun stikna sarta bolana asup jero leuwueng. Tuluy manehna ngagebug deui sarta keuna kana sababaraha tangkal, dituluykeun ku terus ngagebug asup ka rungkun ( semak-semak).
Ahirna, sanggeus ngagebug sababaraha kali deui, bola asup kana jero keusik. Samentara eta, manehna nembong yen instruktur klub golf geus ngamatkeun manehna ti saprak mimiti.
"Naon anu kudu kuring pigawe ayeuna ?" manehna nanya ka instruktur.
"Kuring teu nyaho, " jawab instruktur. "Kaulinan naon anu keur anjeun pigawe?" (*)
-----------****---------------
Rusiah Nguseup
Hiji lalaki jeung budak lalaki diuk di situ es, nguseup. Sapopoe, si eta lalaki teu diparengan untung pisan, samentara si budak lalaki geus narik lauk demi laik ka laur tina liang es. Lalaki eta ahirna dongko sarta nanya naon rahasiana ka eta budak.
"mmmmm mmm mm mmm mmmm mmm mmm," jawabna.
"Hampura, naon nu ku anjeun omongkeun?"
"mmmmm mmm mm mmm mmmm mmm mmm," eta budak malikan deui.
"Hampura kuring, kuring masih keneh henteu ngarti."