Ngaran Jakarta Dirobah TERENDAM
Aya kamandang ti Walikota Amsterdam: "Manginget aya hubungan historis, emosional jeung serasi antara Indonesia jeung Belanda, alusna mah Jakarta ganti ngaran bae nu ampir sarua jeung Amsterdam..."
Gubernur DKI: "Good idea Sir. What is the city's new name?"
Walikota Amsterdam: "TERENDAM." (*)
--------***---------
Nganteur Bibi ka Dokter
Akhirna, bos nu hade hate kapaksa nelepon Sam di kantorna.
"Hal ieu henteu leupas tina panalinga kuring," ceuk bos, "yen unggal aya pertandingan bola di stadion, Anjeun kudu nganteur bibi Anjeung ka dokter."
"Anjeun uninga jeung leres, Pa," ceuk sam, "Kuring henteu surti kana hal eta. Andjeun henteu nyangka bibi kuring ngan pura-pura, pan ?" (*)
----------*** -------
Balik Golf
Hiji lalaki kacida resep maen golf. Dina poe Saptu, manehna balik maen golf leuwih gancang tina sangkaan pamajikanana. Si pamajikan nanya ku naon balik leuwih gancang.
"Naha anjeun hayang maen golf jeung saurang anu ngarengek unggal ngababuk, ngangluh ngeunaan sagala hal di lapangan, sarta ngagandengkeun nalika anjeun nyoba nyieun 'pukulan' nu penting?" Manehna nanya.
"Moal. Kuring moal ," walon pamajikanana
"Nah, kitu oge maranehna ..." (*)