Rabu, 27 September 2023

Aya aya Wae , Carita Padagang Topi

- Jumat, 14 April 2023 | 22:27 WIB
ilustrasi Carita Padagang Topi
ilustrasi Carita Padagang Topi

Carita Padagang Topi
Hiji waktu aya padagang topi leumpang ngaliwatan leuweung, hawa harita pohara panas. Manehna reureuh di handapeun hiji tangkal gede. Manehna nyimpen karanjang daganganana di gigireunana. Sawatara jam manehna tibra,tuluy hudang lantaran ngadenge sora-sora ribut. Nalika ditempo, kabeh topi daganganana leungit.

Teu lila manehna ngadenge sora monyet di luhur tangkal. Manehna dangah sarta ngagebeg, lantaran eta tangkal dipinuhan ku loba monyet, sarta unggal monyet marake topi.  Maneh tuluy mikir kumaha carana sangkan bisa nyokot eta topi, sabari gagaro kana sirahna.
Teu disangka, si monyet nurutan kalakuan manehna. Nembong kitu, manehna muka topina, tuluy digeber-geber kana awakna.
Rombongan monyet oge nyonto naon anu dipigawe ku tukang topi. Teu lila manehna meunang ideu, tuluy manehna miceun topi kana taneuh. Bener bae, si monyet oge ngalungkeun topina sewang-sewangan kana taneuh.

Gura-giru si padagang ngumpulkeun topina sarta manehna nuluykeun lalampahanana.
Lima puluh taun ti harita, incu si padagang topi eta tetela jadi padagang topi oge, sarta geus ngadenge carita ngeunaan monyet-monyet eta ti akina. Hiji poe, persis kawas akina, manehna ngaliwat ka leuweung anu sarua. Manehna reureuh di handapeun tangkal anu sarua sarta nyimpen karanjang topi-topi dagangan di gigireunana.

Caritana sarua jeung akina, tapi palebah manehna ngaragragkeun topi kana taneuh, henteu diturutan ku monyet. Teu lila, aya hiji monyet turun tina tangkal, nyokot topi anu dialungkeun ku incu padagang topi eta, tuluy nepak taktakna bari ngomong, “Memangna manehna wungkul nu boga aki ...?” (*)

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Aya aya Wae , Agul ku Pamajikan

Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:53 WIB

Aya aya wae, Alat Medis Dijero Tas

Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:44 WIB

Aya aya Wae , Keretas Bodas

Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:38 WIB

Aya aya Wae ,Cara Mikanyaho Mutiara Tulen

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:11 WIB

Aya aya Wae , Cara Licik Maen Kartu

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:03 WIB

SMPN 2 Ciomas Diverifikasi,Siap Adiwiyata

Kamis, 25 Mei 2023 | 13:18 WIB

Biaya Servis Kompor Gas

Kamis, 25 Mei 2023 | 00:59 WIB

Aya aya Wae , Pangarahan Direktur

Kamis, 25 Mei 2023 | 00:54 WIB

Babasan sunda, Ngeunah Nyandang, Ngeunah Nyanding

Sabtu, 29 April 2023 | 23:21 WIB

Aya aya Wae , Carita Padagang Topi

Jumat, 14 April 2023 | 22:27 WIB

Aya aya Wae , Laleur Jalu jeung Awewena

Jumat, 14 April 2023 | 22:10 WIB

Aya aya Wae , Carita keur Ngora

Jumat, 14 April 2023 | 21:43 WIB

Aya aya Wae , Kaulinan Bola Babuk

Selasa, 11 April 2023 | 23:01 WIB

Aya aya Wae , Ratu Gosip ruksak Pahala Puasana

Sabtu, 8 April 2023 | 23:14 WIB

Aya aya Wae , Neangan Tukang Ngaput

Sabtu, 8 April 2023 | 22:59 WIB

Aya aya Wae , Moal Nikah Deui

Sabtu, 8 April 2023 | 10:38 WIB

Humor, Sasieur Sabeunyeureun

Minggu, 2 April 2023 | 16:26 WIB

Jampe , Calincing ubar Hipertensi

Jumat, 31 Maret 2023 | 09:59 WIB
X