SMPN 2 Ciomas Diverifikasi,Siap Adiwiyata
SUNDAURANG.ID -- SMP Negeri 2 Ciomas geus ngalaksanakeun kagiatan verifikasi lapangan ti program Gerakan Paduli jeung berbudaya Lingkungan Hidup Sehat ngajugjug sakola Adiwiyata, Rebo (24/5). Kepala SMPN 2 Ciomas, Diana Yuwinda, netelakeun, eta gerakan paduli jeung berbudaya lingkungan hirup di sakola teh mangrupa program pangbentukan karakter siswa jeung guru. Ieu gerakan oge ngawajibkeun sakola pikeun ngaintegrasikeun pelestarian lingkungan dina kagiatan diajar jeung ngajar.
“Sakola kudu nerapkeun prinsip dasar dina kurikulumna, pikeun ngaimplementasi GPBLHS,” ungkabna.
Ieu aksi teh di antarana, kudu terus ngaedukasi sakabeh warga sakola ngeunaan kabiasaan hirup babarengan jeung alam.
“Sakola oge kudu miboga hubungan keing pihak sejen, sangkan milu partisipasi nyusun kagiatan anu patali jeung program Adiwiyata,” ungkabna.
Wakil Kepala Sakola Bidang Kasiswaan, Ridwan, netelakeun, pihakna siap dina Gerakan Paduli jeung Berbudaya Lingkungan Hidup.
“Sim kuring saparakanca siap jadi sakola Adiwiyata, anu paduli jeung miboga budaya lingkungan. Mugia meunang hasil anu panghadena, sarta di taun saterusna bisa dironjatkeun leuwih hade deui,” ceuk ieu Ketua GPBLHS teh. (*r/gege)
Artikel Terkait
SDN Layungsari 2 jadi Sakola Rintisan Adiwiyata saprak 2014
SMAN 1 Nanggung Ngantongan Adiwiyata Jabar