Sajumplukan jalma nu diuk di sakuriling meja keur maen kartu.
"Kuring meunang!" Joni ngomong, sarta harita keneh oge Hendri ngalungkeun kartu-kartuna.
"Enggeusan bae lamun kieu mah!! Joni licik!"
"Kumaha anjeun bisa nyaho ?" Pahru nanya.
"Eta kartu, lain kartu anu ku kuring disulusupkeun ka manehna di handapeun kolong meja!" (*)
----------------------------
Cara Nenangkeun Panumpang
Nalika pesawat arek ngapung, panumpang jadi henteu tenang alatan aya budak lalaki umur 5 taun nu ambek-ambekan reu kakodalikeun. Indungnya nyoba nenangkeunnana, tapi etabudak masih keneh ambek-ambekansarta nyepak korsi nu aya di sabudeureunnana.
TI bagian tukang pesawat, saurang lalaki kolot anu make seragam Jenderal Angkatan Udara lalaunan ngagidig ka hareup. Si Jenderal eta kalawan sora nu leuleuy dongko sarta,,mere tanda kana dadana, ngaharewos kana lebah ceuli si budak. Harita keneh, eta budak jadi tenang, kalawan leuleuy nyekelean leungeun indungna, sarta cicing-cicing meungkeutkeun sabuk pangaman. Kabeh panumpang emprak ngaguruh.
Jenderal lalaunan balik deui ka tempat diukna, salah saurang patugas kabin noel leungeun bajuna, "Punten, Jenderal," ceuk mahena tenang, "naha tisa kuring naroskeun naon kecap-kecap ajaib nu ku anjeun gunakeun ka eta budak ?"
Kolot eta imut sabari ngomong, "Kuring nunjukkeun ka manehna jangjang pilot kuring, bintang tanda jasa, jeung pita pertempuran, sarta ngajelaskeun ka manehna yen kuring boga hak ngalungkeun saurang panumpang kaluar tina panto pesawat, dina penerbangan naon bae anu kuring pilih. " (*)
Artikel Terkait
Aya aya Wae , Carita keur Ngora
Aya aya Wae , Laleur Jalu jeung Awewena
Aya aya Wae , Carita Padagang Topi
Aya aya Wae , Pangarahan Direktur