Rabu, 27 September 2023

Aya aya wae, Alat Medis Dijero Tas

- Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:44 WIB
ilustrasi tas alat alat medis
ilustrasi tas alat alat medis

Alat Medis Dijero Tas

 Aya salaki anu satia nganteur pamajikanana ka dokter. Si dokter nitah si salaki nungguan di luar, sarta baris digeroan lamun pamariksaan  geus  rengse

   Teu sabaraha lila,  dokter  ka luar rohang sarta nitah  ka perawat mangnyokotkeun obeng sarta eta dokter gura-giru asup deui ka rohang pariksa.  Tuluy eta  dokter ka luar deui sarta menta mangnyokotkeun tang.

      Si salaki anu aya di rohang tunggu, ningali gelagat kitu mimiti hariwang. Melang mikirkeun pamajikanana anu aya di rohang pamariksaan. Nalika dokter  ka luar deui menta mangnyokotkeun palu, si salaki teu sabar deui sarta nanya, "Dokter, aya pasualan naon anu karandapan ku pamajikan kuring?"

      Dokter ngajawab kalem, "Maaf Pa, kuring oge tacan nyaho kaayaan istri  Anjeun, sabab nepi ka ayeuna tacan bisa muka tas  peralatan medis kuring ...*) 

 

                        ----------------------------------- 

                                 Ngadu Jajaten

       Aya tilu  biksu anu boga maksud semedi di sisi hiji situ. "Waduh, kuring poho henteu mawa amparan jang diuk, " ceuk biksu ka hiji. Manehna tuluy  pamit, ngalengkahkeun suku di luhureun cai, meuntas nuju ka tempat cicingna di peuntaseun situ. Sanggeus manehna balik deui,  biksu ka dua ngomong, "Kuring oge poho moekeun baju. Kuring indit heula, nya !" Manehna leumpang di luhureun cai situ sarta meuntas kalawan gampang. Biksu ka tilu mikir yen kadua babaturanana pasti ngan saukur mintonkeun elmu di hareupeunnana.

     "Ah, kuring oge  bisa. Tembong we," carekna. Manehna tuluy ngalengkahkeun suku ka luhureun cai sarta langsung tikerelep. Biksu ka tilu ieu ngojay ka sisi, tuluy nyoba deui leumpang di luhureun cai tapi gagal deui. Nyoba deui, gagal deui.  Ahirna manehna ngomong ka  biksu anu dua tadi, "Alusna mah, urang bere nyaho we, di lebah mana batu-batu pikeun nincak aranjeun tadi ............. " (*)

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Aya aya Wae , Agul ku Pamajikan

Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:53 WIB

Aya aya wae, Alat Medis Dijero Tas

Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:44 WIB

Aya aya Wae , Keretas Bodas

Sabtu, 3 Juni 2023 | 20:38 WIB

Aya aya Wae ,Cara Mikanyaho Mutiara Tulen

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:11 WIB

Aya aya Wae , Cara Licik Maen Kartu

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:03 WIB

SMPN 2 Ciomas Diverifikasi,Siap Adiwiyata

Kamis, 25 Mei 2023 | 13:18 WIB

Biaya Servis Kompor Gas

Kamis, 25 Mei 2023 | 00:59 WIB

Aya aya Wae , Pangarahan Direktur

Kamis, 25 Mei 2023 | 00:54 WIB

Babasan sunda, Ngeunah Nyandang, Ngeunah Nyanding

Sabtu, 29 April 2023 | 23:21 WIB

Aya aya Wae , Carita Padagang Topi

Jumat, 14 April 2023 | 22:27 WIB

Aya aya Wae , Laleur Jalu jeung Awewena

Jumat, 14 April 2023 | 22:10 WIB

Aya aya Wae , Carita keur Ngora

Jumat, 14 April 2023 | 21:43 WIB

Aya aya Wae , Kaulinan Bola Babuk

Selasa, 11 April 2023 | 23:01 WIB

Aya aya Wae , Ratu Gosip ruksak Pahala Puasana

Sabtu, 8 April 2023 | 23:14 WIB

Aya aya Wae , Neangan Tukang Ngaput

Sabtu, 8 April 2023 | 22:59 WIB

Aya aya Wae , Moal Nikah Deui

Sabtu, 8 April 2023 | 10:38 WIB

Humor, Sasieur Sabeunyeureun

Minggu, 2 April 2023 | 16:26 WIB

Jampe , Calincing ubar Hipertensi

Jumat, 31 Maret 2023 | 09:59 WIB
X