Rabu, 27 September 2023

Padungdengan Sastra Sunda

- Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB
ilustrasi Padungdengan Sastra Sunda
ilustrasi Padungdengan Sastra Sunda

Padungdengan Sastra Sunda

 

SUNDAURANG.ID -- Nu hayang dipanggihan ku Grashuis dina sajak-sajak Sunda kacida hangkeut patalina jeung pangatian ngeunaan puisi-puisi Eropa : kaanggunan, emosi, lirik. Dina panganteur bukuna nu munggaran ngeunaan basa jeung kasastraan Sunda, Soendaneesch Leesboek (buku bacaan basa Sunda) nu medal dina taun 1874, Grashuis malah ngomong yen puisi Sunda kacida kurang kualitas pulitikna. Catetan kasebut ngelingan urang ka Koorders jeung para kolehana sarta kana Encyclopaedie van Nederlandsch-Indie.

Para sarjana Belanda ampir henteu junun ngamekarkeun sarupaning apresiasi sastra kana tulisan Sunda, kitu pisan katembongna. Sigana leuwih penting dicatet di dieu yen para pakar diwidang basa jeung kasastraan Sunda ieu nembongkeun kacenderungan kahayang maranehna kana prosa batan puisi:

 “Leuwih ti eta, tulisan-tulisan eta ‘ngungkabkeun’ yen urang Sunda, lamun diantepkeun sakarep maranehanana, mampuh nulis prosen nu sanajan tanpa kasalahan, tapi geus lumayan. Prosa eta beda tina basa jeung gaya wawacan (puisi) lantaran kamurnian jeung kateraturanana. Saurang panulis prosa Sunda biasana nyebutkeun ku carana nu basajan naon nu aya dina pikiranana, sarta kacida beda jeung gaya puisi nu dijieun-jieun nu mindeng ngungkabkeun deui pikiran-pikiran nu penting, tapi sakadar nyandingkeun hiji konsep jeung konsep nu sejen (Grashuis 1874:xi).

Pamadegan yen “lain pamikiran nu penting”, “geus lumayan”, sarta “dijieun-jieun”, sakali deui, nunjukkeun arogansi Belanda. Kahayang Grashuis kana prosa henteu sajalan jeung kawijakan resmi pamarentah nu nyoba ngahareupkeun langsung minangka sarana nu pangcocogna pikeun ‘mencerahkeun’ pikiran masrakat pribumi.

Lamun ditembong deui, meureun henteu perelu urang reuwas temen yen pangaweruh para sarjana Belanda dina paro abad ka-19 kacida kawates ngeunaan tulisan Sunda. Maranehna kacida museurkeun diri kana sumber-sumber tinulis. Mindeng maranehna henteu turun ka ‘lapangan’ pikeun dina mangsa anu lila, samentara informan-informan local arinyana henteu salawasna bisa diandelkeun, sarta malahan sawatara di antara para sarjana Belanda eta henteu kungsi nincakkeun sukuna di tanah Hindia-Belanda. Geus tangtu, Roorda nepi kaka pamadeganana sorangan (nu henteu akurat), nya kitu deui halna PJ Veth.

Sarjana anu disebut bieu geus ngamedalkeun buku, Java, nu ngawengku 4 jilid sarta meunang pamapag lega dina 1875-1884. Nalika Veth menta komentar KF Holle di Jawa Barat pikeun bukuna eta, Holle mere jawaban siga kieu:

“Naon anu ku anjeun sebut sabage kasastraan Sunda henteu sakabehna bener, sarta henteu pepel. Tembang jeung pantun kacida bedana. Pantun (pasna wayang Sunda) geus kacida kolot (kuring boga naskah lontarna nu bisa dipastikeun umurna 400 taun). Sabagean gede nyaeta prosa, tapi aya oge nu diiluan ku nyanyian. Iramana has. Sarta satuluyna aya nu disebut sindir atawa pangbalikan, sarta nu pamungkas aya nu disebut dongeng.

Tembang ngarupakeun wangun anyar. Upamana, Panata Istri ditulis ku panghulu Garut mangsa inyana jadi asisten panghulu. Kuring geus pasti teu panuju yen tulisan-tulisan panghulu Garut eta, hususna Panata Istri, kaasup sastra kaom santri. Ieu jentre kasalahan interpretasi, nu disebarkeun di dunya ieu ku para misionaris nu ngabogaan sikep henteu toleran. Tembong upamana  Panji Wulung, Wulang Krama, Wulun Tani, Ali Mohtar, Elmu nyawah, Dongeng pieunteungeun, sarta loba deui.. Malahan oge Abdurahman jeung Abdurahim.”

Veth, nu nulis karyana dumasar pangawruhna nu dikumpulkeun ku para sarjana Belanda di Hindia-Belanda saperti Grashuis, kacida salah inpormasi ngeunaan tulisan Sunda (Veth 1875:vol.1, 443-445). Tapi Holle sorangan oge henteu bener dina ngajentrekeun pantun sabage komposisi nu ngadung seni. Pantun lainna wayang Sunda, hiji genre carita dongeng di wewengkon pangucap basa Sunda sakumaha oge di Jawa, sarta oge lain prosa: pantun nyaeta puisi anu suku kecapna dalapan. (*) Mang Yabu  

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X