Sabtu, 3 Juni 2023

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

- Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB
ilustrasi  SAJAK NU TEU KALISANKEUN
ilustrasi SAJAK NU TEU KALISANKEUN

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Lamun seug aya pilihan, moal teuing rek bedang ngeukeuhan,
nu ceuk anjeun, cenah, teu manjing ugeran,
heug ieu sajak, nu dicawiskeun teuing pikeun saha,
ngahaja diawurkeun ku leungeun kenca jeung kahayang
nu teu kungsi patarema….!

Lamun seug aya tembang, moal teuing rek norek wangkelang,
nu ceuk anjeun, cenah, teu manjing udagan,
karep nu mumbul jauh, ka alak paul nu moal kaajul ku budak satepak,
nu ngadon pasea marebutkeun langlayangan,
nu ngoleab pegat benang….!

Lamun seug aya imah pangbalikan, piraku rek sasar salah lengkah,
nu ceuk anjeun, cenah, teu manjing jadi wasilah,
heug ieu sajak, nu ditulis teuing diancokeun pikeun saha,
ngahaja diguar ku kalimah jeung basa,
nu teu kungsi sapagodos….!

(Ieu sajak ngulayaban marengan do’a nu ngabigeu, nu teu ka anteur ku lisan kuring sorangan….!) (*)


Anissa Puji Rahmawati, guru SDN Pangkal Jaya Kec. Nanggung,

 

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X