Ari leungeun mah ranggah (kawas nu heueuh), biwir oge can lantis,
malah, teu ku hanteu diuk keneh dina pangsujudan,
awak sakujur, pamajikan, anak, dulur jeung baraya,
nu deukeutna, kabeh ditatab dido’akeun,
nu jauhna, dulur salembur, dulur sa-agama jeung sa-bangsa
teu kalis (kawas nu enya) direkeskeun,
sangkan hirup manjing waluya, akur jeung sauyunan
Tapi geuning ari patekadan, jeung prakna kalakuan,
bet ngadon balantrak,
kawas jalma euwah-euwah,
kasalahan batur dicokelan, aib dulur sorangan didadagangkeun,
do’a subuh nu mustajab tadi isuk,
ukur mageuhan buah kadu nu rek murag tina cupatna
Saha tea atuh bapa teh?
saha tea atuh ibu teh?
bet teu pupuguh aku-aku boga, kenal oge hanteu,
sanaos eta oge ari potret dina baliho mah asa moal kasamaran,
sadayana oge samiuk, sapaneja, eces nuju tebar pesona
Prang- Pring, sabulu-bulu gadingd ayana hayang laksana jadi pamingpin (*)
Ajeng Ginalar Rahmania, anggota Literasi Pelajar Kec. Caringin,
Artikel Terkait
Sajak Kelentring Sora Mangkok, Tukang Baso
Sajak NU ELEH KASORAN
Sajak PRANG PRING
SAJAK NU TEU KALISANKEUN