Eureun di ciromed soteh rek solat,
lain rek lalajo doger monyet nu rapang mapaesan jalan
nu angger macet,
duka ari tol cisundawu terus dipaju kitu ?
Tapi ieu hate estu ngageri, keun teuing lalampahan
kapegat macet, teu kudu helok,
batan hirup urang ti beh dituna keneh,
geus pajurawet teu puguh puhu jeung tungtung…!
Ngan wae maenya teuing atuh,
kasab jalma make kudu pageduk jeung
sato monyet, nu estu laip teu daya teu upaya,
najan ari dangdosan mah meni sakitu modisna,
dikaca mata hideung, dihijab jeung diacuk gamis
nu ngambay nyapuan lagedugna nasib….!
Geura bandungan waditra nu ditabeuhna,
nu angger, teu robah, dina wirahma bajidor “jawi”
nu ngan saukur ngandelkeun saron leutik,
nu ngear jeung jeritna euleuk-euleuk maratan langit,
matak eundeur bumi jeung peradaban
nu geus teu kapuluk “jungkir-balik”….!
(Atawa kitu wae sugan, urang kudu tigin geusan namatkeun lalakon,najan jalan sorangeun batan sakitu tarahalna….!) (*)
Fajar Pamungkas, (Pangurus Literasi Pelajara Kec. Caringin-Bogor
Artikel Terkait
Sajak NU ELEH KASORAN
Sajak PRANG PRING
SAJAK NU TEU KALISANKEUN
SAJAK PESTA PILEG