Rabu, 27 September 2023

Sajak Anjeun Moal Surti

- Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB
ilustrasi   Anjeun Moal Surti
ilustrasi Anjeun Moal Surti


ANJEUN MOAL SURTI
Sok hayang cumarita, lain ku letah, tapi ku hate,
jeung saniskara basa nu teu kelu dilisankeun,
cenah ceuk anjeun kacangkem, kalayan gembleng,
piraku wae ketang,
batan parahu pamayang jeung gupay daun kalapa
nu rajeg dibasisir, sieup repok jodo,
geusan silih ayunkeun kahayang….!

Sok hayang nembang, lain ku haleuang, tapi ku angen-angen,
jeung sakabeh dangding nu teu kungsi dikawihkeun,
cenah ceuk anjeun geus kalapal, kalayan masket,
piraku wae ketang,
batan cai pancuran jeung batu demprak di tampian,
nu unggal isuk ka cai sabunan bisa ihlas,
hanteu silih hualkeun….!

Sok hayang nitipkeun beja, tapi ulah betus tina biwir,
keun teuing situ gunung teu boga ombak,
atawa angin pasir moncor teu kataheunan dapuran awi,
jeung tangkal cau nu ngarangrangan,
ngajirim karakas garing jeung silalatu, nu hideng miang,
geusan wakca ku kalimah munggaran,
nu kuring yakin, anjeun moal surti….! (*)


Kintunan : Anissa PR, Guru SDN 01 Cimande, Caringin

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X