Lir papatong nu murag jangjang,
angen-angen mah hayang hiber jauh,
geusan mopohokeun katugenah hate,
najan boa ngan ukur nohonan karep, ngarangrang tineung,
cenah musibah pahili, mamala pacorok leungeun,
ari leugeut taheunan katresna anjeun,
sulaya diulinkeun usum nu teu purun,
jeung regang kaheman nu miteskeun jangjang kuring,
lapur, teu ari najan mindeng kapidangdam,
pinasti ceuk anjeun, nu terus amitan medal sila,
ari beuti gadung, nu ronghok bentol, milaraan tetempoan urang,
ngajadi buah, ngajdi beuti….!
Keuheul ka usum halodo nu ngahgar garing,
ceuceub ka cukang awi nu ropoh, nu teu untupan neuteup poe isuk,
sungkawa kuring harita lir silalatu nu tungkeb
ngahuru badan sakujur, estu taya aling-aling,
nyandingkeun durukan nu ngagedur, ngabebela….!
Lir lalakon nu mindeng nogencang,
kuring ukur wasa cumalimba,
mungkas lalakon nu leuir teuing,
jeung lain meunang kahayang sorangan,
hayam kasintu nu riweuh, teu tahan bau careuh,
isarah baruntakna sato nu teu walakaya….!
(Hanjakal kuring sorangan, ukur papatong nu leumpeuh jangjang,nu unggal isuk kabulen ibun, nu kudu ihlas geusan ngalarapkeun diri narima papasten….!)
Anissa Puji Rahmawati, (guru SDN Pangkal Jaya, Kec. Nanggung
Artikel Terkait
SAJAK NU TEU KALISANKEUN
SAJAK PESTA PILEG
Sajak Topeng Monyet
Sajak Anjeun Moal Surti