Sajarah nanggorek, nu angger teu kakoreh,
kanyaah nu nyampak, nu laas teu kasampeur,
harianeun, tatarucingan boga saha atuh kuring jeung anjeun teh ?
welas atawa ratusan taun teu kungsi kajawab kalayan jinek,
ari kabuyutan jeung parukuyan nu dipuhit,
kantun ngawariskeun hieum,
jeung kuleuheuna nu diabur samemena….!
Sajarah numpra, nu angger teu kaguar,
kaheman nu nampeu, nu udar teu kakeupeul,
harianeun, cacarakan nu di dawamkeun unggal usik,
welas atawa ratusan taun teu kungsi mere kayakinan kalayan panceg,
ari bende jeung panakolna nu dijimatkeun,
teu aya nu pirajeunan nalengteng,
sakitu pangampura mah diumbar sakarepna,
diawur-awur di unggal lawang gapura,
liliwatan balarea….!
Sajarah pabeulit, nu angger teu kasungsi,
karempan nu welas atawa ratusan taun marengan,
teu bosen-bosen ngahihileudan….!
(waktu sajak ieu ditulis, si Upik alo kuring nu sakitu teodna
ukur melong bari kerung, cangkeul macana oge, pokna….!) (*).
kintunan Anissa Puji Rahmawati, (guru SDN Pangkal Jaya, Kec. Nanggung-Kab. Bogor
Artikel Terkait
SAJAK PESTA PILEG
Sajak Topeng Monyet
Sajak Anjeun Moal Surti
sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun