Sabtu, 3 Juni 2023

Mulangkeun Kaheman

- Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB
ilustrasi  Mulangkeun Kaheman
ilustrasi Mulangkeun Kaheman

Mulangkeun Kaheman

            Supaya jentre kana maksud judul di luhur, nu nulis rek ngahartikeun heula kecap-kecap nu ngawangun eta judul. Harti kecap mulang  dina KUBS (Kamus Umum Basa Sunda, LBSS), loba hartina :  1. Basa sedeng tina balik;  Entong mulang ayeuna atuh, geus burit teuing. Mulang ka Rahmatullah, tilar dunya;  cai mulang, sabagian cai walungan anu muter balik deui ka girang meueusan lantaran aya nu ngahalangan; luncat mulang (kekecapan), teu beunang dicekel omongannana; 2.males kahadean, males mere; mulang ku cau ka nu mere ranginang; mulangkeun, mulangkeun barang injeuman ka nu bogana.

            Dina judul di luhur, mulangkeun kahemana (kanyaah). Kanyaah lembur, loba pisan ka urang salaku nu miboga atawa nu nyicingan eta tempat. Upamana, kaendah, urang jadi betah cicing di eta tempat, lalinduk ariuh da loba tutuwuhan anu hejo ngemploh. Kawas di Bogor, apan. Hawa jadi seger, matak sehat kana awak. Tangtu bae hal ieu kudu tetep dipiara. Caina di lembur teh curcor, aya balong anu laukna pating gudibeg. Manuk atuh recet disarada. Boh dina tangkal anu luhur, boh dina rungkun nu pating runggumuk. Manuk teh aya anu disada ti subuh mula, malah anu disarada ti peuting oge aya. Jarongjon nyarayang. Ngendog, megar, jeung ngaleupaskeun.

            Mun beurang, apan hawana seger. Di lembur sisi sok kapanggih keneh barudak ulin di buruan. Mun peuting, apan bulan ge sok kaciri keneh. Teu eleh ku cahaya lampu anu raang. Tah anu ditataan di luhur teh, lolobana mah kaayaan tempat mangsa ka tukang. Apan, ayeuna mah geus loba anu leungit lembur teh, geus ganti ku pangwangunan komplek perumahan. Malah, pangeusi nu asli mah boa geus paburisat kasered teuing ka mana.

            Kaheman lembur urang teh loba nu geus robah. Salian ti tempat, lembur pangabetah, anu baheula dijieun ku karuhun urang, ngaran-ngaran tempat anu patali jeung tatangkalan, jeung walungan, jeung pasir, jeung setu, ganti ngaran make basa deungeun (basa Inggris). Pek bae tengetan ayeuna ngaran tempat perumahan anyar, ngaran toko, ngaran wangunan, kawas di luar nagri. Malah ngaran tempat makam oge aya anu make ngaran luar nagri sagala.

            Dina hal ieu, urang jiga nu geus poho yen urang teh tetep aya di tempat, lembur ieu. Sanajan nu bogana lain batur salembur, lain batur sakaruhun bae. Kitu deui, tina lobana padumukan anyar, “komplek perumahan”, pangeusina lolobana mah jalma anyar anu nyaritana teu bisaeun basa Sunda (basa Bogor).

            Sakapeung dina acara-acara dines jiga penataran, atawa anu ngabahas hal anu patali jeung basa Sunda, urang Bogor mah sok nyebutkeun, punten ieu mah basa Sunda lagam Bogor, cenah. Ku lobana seler sejen nu tetep renggenek di ieu tempat, basa Sunda (Bogor) padah “mergasa” .   Komo lamun urang Bogor sorangan geus “embung” make basa Sunda dina guneman mah. Komo deuih, lamun para pejabat kurang perhatian kana basa, kana seni (budaya) sorangan tambah-tambah rame kaayaan teh. Atawa, teu malire tea, ngaran-ngaran perumahan, ngaran gedong, ngaran toko, asa lain di tempat urang.

            Sakapeung mah mun  pajabat biantara di hiji gempungan kirang tiasa ngagunakeun basa Sunda, teras nganggo basa Indonesia, bari jeung sami kirang saena deuih. Jadi, maksud judul di luhur teh, ti ayeuna mah pangabetah anu kungsi aya teh urang piara deui bae. Apan cenah di nagara-nagara sejen oge tradisi teh aya bae anu tetep dipiara, teu dimodernkeun sakabehna.

            Atuh, lamun enya urang sarerea seja mulangkeun kaheman lembur, nu rek leungit, urang mimitian miara kaberesihan lingkungan, melak tur miara tutuwuhan. Apa, aya program melak tangkal mangrebu, mangjuta (diluluguan ku pamarentah, TNI). Ngan hanjakal bae anu digegedekeun teh melak, nancebkeun wungkul. Asana tara aya acara “neang deui” tangkal anu geus dipelak mangjuta tangkal tea. Kuduna mah melak teh dipilih tangkal anu jangkungna 1 meter atawa 2 meter, buleudan tangkalna antara 2-3 cm. Da melak tangkal ukuran sagede nyere mah asa kesel ngadagoan gedena.

            Kitu deui, mere ngaran tempat, gedong-gedong ku ngaran atawa istilah basa Sunda, minangka kanyaah urang kana basa urang. (*)  Ano Karsana

 

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X