Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun
Urang Langsung kana poko pasualan, rehna karya-karya MA Salmun nu ratusan jumlahna tepi ka kiwari tacan sagemblengna kakumpulkeun. Masih seueur karangan nu disidem di media nu ngamuatna sapertos Volksalmanak Soenda, Parahiangan, Surat Kabar Sipatahoenan, Majalah Sunda, Candra, Sari, Mangle jeung sajabana. Iwal karya kreatif boh dangding, sajak, roman jeung Gending Karesmen, Salmun seueur nyerat artikel ngeunaan sastra wayang jeung padalangan.
Bukuna ngeunaan sastra Sunda judulna Kandaga Sastra Sunda medal 1957 di Bandung. Buku anu nyambung (serial) ieu, eusina nolaah ngeunaan sastra jeung tata basa Sunda. Dina buku ieu oge diguar aspek-aspek basa nu pepel mimiti ejahan, perbendaharaan, jeung fenomena-fenomena kabasaan nu ditolaah kalawan jero.
Salmun lain saukur maher nyerat dina basa Sunda, anjeunna oge mampuh kalawan sae nyerat dina basa Indonesia. Gaya nulisna tur basa Salmun salian loba humor, oge sacara serieus mindeng maparkeun ngeunaan filsafat, etika kahirupan jeung agama. Sabage penulis nu neuleuman sastra wayang jeung padalangan, karya-karya tulis Salmun ngeunaan ha lieu kawilang pinuh ku nasehat, pituah jeung filsafat kamanusaan.
Taun 1971 dina kondisi soca nu 80% nu henteu ningali, Salmun junun ngarengsekeun naskah Paribasa Sunda nu dikirim ka pamedal Sumur Bandung. Karya pamungkas Salmun nu mangrupa naskah ngeunaan paribasa Sunda kasebut, medal dina taun 1971 sababaraha bulan samemeh pupus.
Hasil karya Salmun kacatet tur kakumpulkeun seueurna 480 judul, kalebet karya karyana nu diserat dina basa Indonesia. Ka-480 judul kasebut pedalan taun 1929 nepi ka 1967, ngawengku guguritan 122 judul, wawacan 6 judul, sanjak 25 judul, carita pondok 103 judul, roman 7 judul, anekdot 26 judul, drama dangding jeung gending karesmen 5 judul, bahasan 172 judul, pangaweruh bacaan umum 6 judul, buku pangajaran 8 judul.
Salmun nyaeta pangarang tilu jaman nu kacida produktif turta sarwa bisa. Anjeunna nyerat dina ampir sakumna wangun karangan boh prosa, oge puisi dina basa Indonesia jeung Sunda. Salmun seueur yasana di widang kabudayaan (Sunda), di antarana ngadegkeun Sakola Dalang di Bandung dina taun 1965.
MA Salmun nu istirahat kalawan tengtrem di bumi Bogor dina taun 1972, namina diabadikein dina hiji, Jalan MA Salmun. Mugia kaabadian gaganti ngaran jalan Pabrik Gas eta, sanes ngan sakadar ngaran nu kapampang dina hiji plang ngaran wungkul, tapi sawadina diabadikeun ngalangkungan kagiatan intelektual sastra nu sacara teras-terasan diselenggarakeun.
Di handap ieu sababaraha karya nu seueur narik perhatian publik: Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), Ekalaya Palastra (1940), Asmarandhana (1942), Goda Rancana (1942), Ngawangun sarta medalkeun majalah Sunda Tjandra di Bogor dina taun 1954, Padalangan Pasundan (Buku, 1949), Mahabharata (suntingan, 1950), Wawangsalan jeung Sisindiran Karya Mas Adiwinata jeung Raden Bratakusumah jadi Sisindiran dina taun 1950 jeung, Gogoda Ka Nu Ngarora (1951), Majalah Panglipur Mangle dina taun 1957, Majalah Sari taun 1963, Budah Cikapundung (carita nyambung, 1965), Angeun Haseum (carita nyambung taun 1965), Villa Bati Nyeri (carita nyambung 1966), Neangan Bapa (carita nyambung 1966), Masa Bergolak (1968).
Naskah Gending Karesmen saperti Mundinglaya (1933), Kelenting Kuning (1933), Lenggang Kancana nu tuluy disadur ku sastrawan Armijn Pane dina bahasa Indonesia taun 1934, Gending Karesmen Arya Jalak Harupat riwayat Otto Iskandardinata taun 1954, Kandaga Sastra Sunda (buku, 1957) medal di Bandung, Paribasa Sunda (1971) . (*) Mang Yabu/tina sawatara aosan
Artikel Terkait
MA Salmun Kungsi Ngadegkeun Sakola Dalang di Bandung Taun 1965