sok hayang diajar sabar, kawas sato lancah nu wekel metakeun ihtiar,
nyieun sayang ku leugeut nu dibeuweung, heug diburakeun,
regang leutik dipuntangan, daun nu rek murag dipentaan tulung,
teu sieun beakeun parab, jeung hamo miara ulat sarakah,
najan nu kataheun, ukur itungan reungit jeung rametuk,
tapi kami mah moal galideur,
rek ihlas ngucapkeun sukur….!
sok hayang diajar leukeun, kawas nini anteh di bulan,
nu anteng ninun ku benang kaheman indung,
heug ngarenda kembang, raraweuyan,
kembang ajangkeuneun budak leutik, nu karek lelengkah halu,
atawa kembang sekar nu diancokeun pikeun budak nu geus sawawa,
nu sok mindeng ngahudang kahariwang,
najan nu ditinun, ukur kaen sarapet awak, sakulit daging,
tapi kami mah rek tagen sukur, nuguran langit….!
sok hayang diajar imeut, kawas panon ucing, nu cekas lamun ti peuting,
nu tara geruh memeh usum, najan cawene anteng ngawaskeun,
ringkang kuring, ringkang bugang,
mawat kuring, mawat pangirut nyi pohaci,
nu moal kaolo najan sangkuriang gandang, nu mopoek ngaheroan,
rep sirep, leugeut napel mulen jirim,
jirim nu moal tembong ku panon paor…! (*)
Anissa Puji Rahmawati, (guru SDN 01 Cimande, Kec. Caringin Kab. Bogor
Artikel Terkait
Sajak Topeng Monyet
Sajak Anjeun Moal Surti
sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun
SAJAK KEUR UPIK