Jang “dapet” nu Maher Niup Tarompet, oge Boga Album Sorangan
SUNDAURANG.ID -- Matak moho, bari jero-jerona mah estu milu agul jeung reueus ka sakumna urang Cibiru teh. Satemenna panuhun urang teu ngan saukur ditujukeun pikeun urang Cibiru, tapi tong hilap deuih ka warga nu dumuk di Ujungberung nepi ka Cileunyi, malah teu aya salahna lamun panuhun urang oge disejakeun pikeun balarea nu jadi warga di Jatinangor nu ka ereh ka Kabupaten Sumedang. Disebutan sarta dijojoan sakabeh ngaran lembur bieu soteh, da rek kumaha wae, natrat tembong jasa aranjeunna dina mertahankeun seni tradisi, ti mimiti seni reak, kuda renggong, benjang, penca silat, degung, jst. Apanan urang tenget pisan di wewengkon nu sejenna deui mah hirup huripna seni tradisi atawa budaya Sunda teh, estu matak ngahelas, jeung rea nu ngan saukur kantun tineungna.
Geura papaykeun palercekana urang Ujungberung, Cibiru oge urang Cileunyi nu unggal poe Saptu atawa Minggu, sok aya wae nu geten nanggap, kalayan kasadaran arinyana nu nganteng miheman budaya buhun (karuhun). Carek paribasana oge, lamun teu ku urang, nya rek ku saha deui atuh ? Batur-batur ku geuraheun teuing, mikaheman atawa milu mikiran, batan urangna sorangan ahli “warisna”, teu sing kageuing pikeun nembongkeun kanyaah.
Nuhun ka urang Cibiru ceuk tadi oge, sareng pamugi apanjang-apunjung, salalamina, utamina dina mateahkeun sangkan seni tradisi nu kungsi kacangking aya dina dampal panangan “buhun” ulah nepi ka “muguran”, hanteu pareng sirungan deui.
Tah ku urang Cibiru mah, karempan model kitu teh geus dijawab. Contona, pikeun ngipuk sangkan seni tarompet ulah nepi lengiteun “tapak”, kiwari urang miwanoh budak ngora nu maher ulin tarompet. Seni tarompet nu satadina ukur pikeun ngeuyeuban waditra penca silat, reak, atawa oge kuda renggong, dileungeun Jang Dapet (singgetan tina Dani Tarompet), nu ngaran aslina mah “Aldi Juniawan”. Ngan naha make bet leuwih sohor make ngaran “Dapet”, ah eta mah ngaran pamasihan produser ngarah popiler, atanapi sangkan langkung enggal dipiwanoh, ceuk inyana bari teu tinggaleun ti imut.
Dapet, nu lahir ti pasangan Dadang Sutisna sareng Euis Rusminingsing teh, lahir di Cibiru Wetan (Bandung), 16 Juni 1989, kiwari geus ngaluarkeun 5 album rekaman husus instrumen seni tarompet. Dapet lain lahir ti kulawarga seniman, ngan ceuk tadi tea, umumna urang Cibiru madep tur mahabah ka kasenian tradisi nu kalayan jejem, hususna ku para seniman lokal, gemet dipulasara, dirawat tur dirumat. Bari lingkungan tangtu gede pangaruhna, tembong ti warga nu ragem boga kasadaran, dimana unggal aya nu rek boga hajat, rek kawinan atawa kariaan nyunatan, jeung wujud “sukur” nu sejenna deui, pasti nu diheulakeun teh pikeun nanggap kasenian nu geus nyampak tur nampeu dihareupeun arinyana.
Hikmah Alatan Musibah
Lamun urang hirup dibarengan ku iman anu wedel. Tara ngangluh, teu weleh ihlas, tur boga kayakinan yen sagala rupa nu tumiba, najan pait sarta peuheur karasana, satemenna mah sadayana oge iwal ti pangjeujeuh, kanyaah jeung piwelas Gusti ka urang minangka mahluk Mantenna. Ceuk Mang Dadang tea mah, bapana Jang Dapet, Gusti Allah mah moal nanggeuy nasib jalma titonggongna. Papasten atawa takdir nu tumiba ka awak urang, sakabehna minangka panggeuing, lamun ihlas narimana, masti ngandung hikmah sangkan urang langkung deuheus ka Mantenna.
Kitu musibah nu tumiba ka Jang Dapet, umur welasan, keur sakola keneh di SMP, inyana ragrag tina tangkal muncang. Kaitung luhur, tangkal muncang nahun, nu gede tur ngajelengkeneng, jangkungna kurang leuwih aya kana 20 meterna. Atuh kaitung parna oge Jang Dapet nandangan tatu. Nepi ka 8 bulan inyana ukur bisa ngajoprak teu walakaya di enggon, batan sambungan tulang pingping jeung tulang tonggong potong pasiksak.
Remen nyileuk, bari ngararasakeun kanyeri, bet jorojoy Dapet boga kerep hayang diajar niup tarompet. Kana kituna, batan hiji-hijina hiburan, nu mindeng hawar-hawar ku inyana kareungeu, najan anggang. Teretetna tarompet nu ngear hegar adu manis jeung sora waditra kendang, goong, atawa oge bonang jeung kecrek, estu matak cigrah, lugina hate, nyaan ngahudang sumanget pikeun inyana mah.
Sanggeus awak rada mendingan, Dapet gilig pikeun ngawujudkeun karepna. Teu burung kajurung ku nasib, heug nga-bismilihan, kalayan jejem inyana guguru ka Abah Aum, seniman tarompet urang Cijawaru, tatangga lembur inyana keneh. Teu kalangkung sababaraha “sepuh” nu dipentaan tulung pikeun kersa diangken guru ku inyana, bari tangtu Dapet oge motekar metakeun ihtiar ku cara diajar cacarakan nyieun angleh sorangan. Pamustunganana, Dapet teu burung lulus banglus, tinekanan jadi seniman tarompet iwal maher, tapis, oge parigel.
Geus kitu mah kaprah, pangajen ti batur teu burung datang, sa-jagat Bandung mah geus kadampal, tos kapapay jeung kaaprak. Iwal ti kitu, tah ieu nu matak pikabungaheun sarta ngarasa bagja pisan mah, dina umur nu kaasup ngora keneh pisan, Dapet mindeng dihiras pikeun manggung bareng jeung para sepuh (senior) nu tos puguh legok tapak, genteng kadek. Mungguhing kayakinan Dapet mah, aranjeunna teh tetep wae dianggap guru, tur anu sakuduna deuih, wajib “dipiguru”, ceuk inyana kalayan daria.
Ngambah Dunya Rekaman
Teu bina ti Kenny G, seniman Inggris nu sohor dina ngulinkeun shaxsafhon (sajenis tarompet), kitu angleh Jang Dapet oge. Teu burung kaahlian inyana dina niup tarompet, aya produser rekaman nu ngahiras sangkan Dapet kersa ngaluarkeun solo album. Tangtu wae kasempetan nu moal dimomorekeun. Taun 2014 medal album Dapet, dina wanda instrumentalia, bari dibere lebel (dingaranan), “Tarompet Sakti Dapet”. Anapon laguna, ngahaja ngorehan lagu buhun, kayaning tembang, Ayun Ambing, Wangsit, Kembang Beureum jeung legu nu sejenna deui. Dina album nu kadua, medal deui album Dapet, husus dina wanda lagu-lagu dangdut. Disambung ku album nu katilu jeung nu kaopat, ngahaja nyokot corak campuran, timimiti lagu dangdut, pop, jeung lagu buhun (Sunda). Dina album nu kalima, Dapet ngahususkeun diri pikeun nyieun album instrumen (tarompet), ngundeuran ti lagu-lagu “lawas” bogana Koes Plus, band legendaries kameumeutna.
Anapon panghasilan nu jadi hak, minangka honor pikeun Dapet, tangtu wae hasil tina album rekaman, honorna leuwih gede batan lamun inyana ditanggap kunu boga hajat. Ngan teu kituan ketang, batan ukur pikeun album nu kahiji jeung nu kadua, Dapet harita meunang duit gede, batan ti mimiti album nu katilu jeung nepi nu kalima mah, kawasna seueur nu ngabajak, ceuk inyana bangun nu hanjelu.
Pasualan lagu dibajak, atawa album keraman dibajak, Kang Acil Bimbo kantos dugi ka ngahualkeun bakating ku ewed, “teu hararayang teuing kudu nyieun deui lagu jeung rekaman, naon atuh da ngadon ngabeungharkeun jalma gejul…!”, basana teh.
Tah urang oge kiwari, tong boga rasa mokaha, make kudu daek meuli CD atawa kaset bajakan, nu teu ngupama pisan, nepi ka diobral sapuluh rewu tilu siki. Batan batur mah meunang hese cape, hanteu we sirah dijieun suku, atawa suku dijeun sirah, bakat ku banget hese, ribet, tur tarahal.
Geura prak amalkeun, itung-itung ibadah, atawa etang-etang ngiring ngabayuan seniman (nonoman) Sunda, geusan arinyana kersa makalangan, nembongkeun wewesen seni tradisi (Sunda), kucara urang ragem kersa ngagaleuh (meser) CD sareng kaset nu asli, ulah nu meunang ngabajak. Piraku make rek tegel onaman atuh ! (*) Fajar Pamungkas, tina sawatara bahan aosan
Artikel Terkait
STATIS
Ngaran teh Doa
DEBAT
Leungiteun Budak