Sarewu Kali Leuwih Hiji
Sarewu kali kuring mireng pepeling
Sarewu kali leuwih hiji, kuring pakupis nyieun piandel
Tali kendang udar,
Sora saron jeung bonang geus teu ngoncrang
Geus puguh sinden mah, turun ti heula
Kawih kuring jeung anjeun, harita,
Tembang silung, nu saliwang
Sarewu kali kuring meunang amanah
Sarewu kali leuwih hiji, kuring nyieun salasah
Urat era lesot
Sora tahrim jeung adzan geus tara kapireng
Geus puguh imam solat mah, geus lila pamit
Do’a kuring jeung anjeun, kiwari,
Do’a pondok, nu lalawora
Sarewu kali kuring meunang kabungah
Sarewu leuwih hiji, kuring nyieun padika
Irodat pegat, rohmat paragat
Sora ngear solawatan jeung nadoman, geus lila maren
Geus puguh iman mah, tianggalna keneh teu kasiar
Hirup kuring jeung anjeun, ayeuna,
Hirup ngatog, teu jamuga. (*).
kintunan Anissa Puji Rahmawati, guru SDN 01 Cimande, Kec. Caringin Kab. Bogor
Artikel Terkait
Sajak Anjeun Moal Surti
sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun
SAJAK KEUR UPIK
SAJAK DIAJAR SABAR