NU NGANCIK DI POE ISUK
urang papaykeun tineung urang, ka poe nu geus jauh nukangan,
awur uyah nu dibarengan parancah, rembes di taneuh beureum nu beulah,
haseup dapur jeung pepedut, nu nyingray ka sisi lamping,
teu tahan nadah panundung sang giwangkara isuk nu hibar manceran,
nu moncor tina sela-sela dapuran awi nu perang daun,
heug sing imeut bandungan, barudak leutik nu keur ragem cacarakan,
ngejah juz amma di tajug sisi lembur,
geuning ku talobeh, batan batuk aki husni nu ngajarna,
bet leuwih eces, nyebitan hate….!
urang sindem masing jero, lalakon nu geus jauh nonggongan,
puruluk menyan jeung gorolang jangjawokan, nu mumbul angin-anginan,
parabun jeung gegedohna, reuteum eunteup na erang-erang,
harewosna nu katalikung ku tali injuk, kateug lumampah,
rap padung, rup samak, naheun taneuh beureum nu rek diurugkeun,
regepkeun sing telik, telekin nu dibacakeun,
mandrobuka, wa imammuka ?
panakon nu handauran, nu nyantek menta jawaban,
geuning ku lalawora, batan pepetasan nu mapag panganten anyar,
leuwih harus, lir guludug tengah poe….!
urang tamperkeun masing tartil, sakabeh carita nu geus lekasan,
tongeret nu ngear mapag magrib, kiwari geus rapet jangjang,
silalatu nu rabeng ti durukan kandang sapi,
hiber jauh neang harepan nu ngancik dipoe isuk….! (*)
Fajar Pamungkas, Pupuhu Literasi Sastra Pelajar Kec.Caringin-
Artikel Terkait
sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun
SAJAK KEUR UPIK
SAJAK DIAJAR SABAR
Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji