Rabu, 27 September 2023

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

- Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB
ilustrasi sajak pondok pikeun hidep
ilustrasi sajak pondok pikeun hidep

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Saha tea atuh nu bieu jajap hidep teh ?
Teu patos teges kanggo Ibu mah, batan mega sareng pepedut
Nu ngadingding nyimbutan wangunan sakola urang
Janten hahalang….

Putra saha tea atuh hidep teh ?
Teu patos jinek kanggo Ibu mah, batan puluh atawa welas taun
Ibu tos kayid moal rek openan ngaguar lalakon heubeul
Ngan wae ari eta sorot soca hidep, nu bangbaraan
Atawa goloyoh teunanganana mapah hidep, nu sasampayan
Moal teuing Ibu rek kapalingan…

Urang mana tea atuh hidep teh ?
Najan estu panasaran, tapi Ibu moal teuing kersa tumaros
Wios Ibu mah rek betah ngadeg di dieu,
Disatukangeun panto sakola, neuteup ka luar jandela,
Betah mancakrama sareng kalangkang heubeul
Nu ngajirim lebah seahna sora, duka boga saha boa…. (*)

Anissa Puji Rahmawati, Guru SDN 01 Cimande, Caringin, Bogor

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X