Lamun Sangkuriang, awas paningal
nembong indung, lain nembong kalangkang sorangan
heug we boga kaheman meueusan, teu kudu luas
maehan si Tumang….!
Ari rasa anu beda, ulah diumbar lalawora
keur lemet jadi budak culun, bapa sorangan ditelasan
geus sawawa, hanteu boga urat era
indung sorangan nu geus nini-nini,
ngadon diheroan….!
Sangkuriang, dongeng laweun jalma pangedulan
nu mindeng teuing sare beurang
pamuda pangangguran, nu gede lalamunan
mumul sakola, kalah muhit elmu jin nu teu karuhan
boga karep naheun jodo, saha awewena nu arek ridoeun
murang-maring, ambek kapegung, indung pituin diririhan
lamun seug jaman kiwari, nu (ngarang) nulis eta carita
jeung sakur jalma nu sok ngadongengkeunana
keuna delik, opat pasal sakalian, moal rek dibere ampun :
pembunuhan, pembodohan, pencemaran nama baik
jeung pelecehan seksual ! (*).
Fajar Pamungkas, Pangurus Literasi Pelajar Kec.Caringin
Artikel Terkait
Modifikasi Folklor Sangkuriang Kana Karya Sastra Modern
SAJAK DIAJAR SABAR
Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji
SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK
SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP