Rabu, 27 September 2023

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

- Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB
ilustrasi gulidag beja nu jadi sajak
ilustrasi gulidag beja nu jadi sajak

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK
Sok mindeng kagundamkeun, karempan kabawa riwan
peuting nu pajeujeut, poek, leungiteun bentang
bulan nu majar maneh, rek ihlas kedal bismillah
cahayana koneas kalah ka silih hualkeun
jeung pepedut nu embung incah......!

Leuweung kota urang nu angkuh dipapaesan ku tepas lawang salapan
anegleng, ibur ngaguar lalakon sorangan
anak, incu jeung buyut, nu barongkeakan
ngudag-ngudag dongeng nu geus heubeul kapopohokeun
ari harepan jeung umur urang anu nyesa
sieup ditilepan di kolong meja budak sakola, nu reyod loba tulisan
ti mimiti ngaran artis Korea nepi ka daftar para koruptor
nu ngagebay panjang pikacuaeun, nyaruan geugeuleuh runtah
nu ngahunyud dibendungan Katulampa.....!

Jeung ari ngearna balita nu kurang gizi,
nu leungeunna roroesan, hayang amprok jeung Izro’il
atawa ceurik batinna hiji ”lalaki” nu ngaligeuh teu boga gawe,
oge unggal kolot nu ambek kapegung, da teu untupan mayar SPP budakna
ditambah ku ”indung” nu ngabarungsinang, teu kabeuli cabe beureum
patarema karep jeung tarip listrik nu ditulis ku leungeun iblis
jeung gas nu eusina mindeng coceng.....!

Harianeun, nagri miskin, leuwih miskin deui harepan pangeusina
humayua, nagara sangsara, leuwih sangsara deui ahlak pangagungna
tsunami, lini, gunung bitu, longsor jeung caah amarah
ragem ngacungkeun peureup.....!

Ngan hanjakal, gulidagna ieu beja ukur jadi sajak
sajak nu teu walakaya, jeung seahna nu teu nyurup
ukur eleh ku wayahna.....!

Di dunya anu beda, di sajarah nu lalawora
anjeun, anteng ulin HP.....! (*).

Kintunan : Didim MG, Pupuhu Riksa Sarakan Lembur Pakuan Kidul

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X