Rabu, 27 September 2023

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

- Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB
ilustrasi  sajak mega pulas tambaga
ilustrasi sajak mega pulas tambaga

MEGA PULAS TAMBAGA

Lebah mumunggang pasir, nu rajeg ku tangkal camara ngadaun ngora,
jeung rengkolna jalan satapak, nu mubus katutupan haliweura
daun eurih jeung jukut sulanjana, nu layeut patarema leungeun
silih ayunkeun kahayang, katresna dipepende
ku angin usum hujan kasorenakeun
jeung pepedut nu ayang-ayangan
satia nohonan jangji nu geus paheut
ti poe kamari

Di beh ditu, dilebak, di lembur nu reuteum minuhan biwir pasir
barudak leutik reang ngahanca juz-Amma di tajug leutik
sisi lembur nu teu kaiberan ngaran,
sorana awor kasilep, ku anu keur ragem mencugan tangkal kawung
di saung aci siraheun tampian, akuan urang lembur,
kesang jeung tanaga nu geus meh orot
ditaheunan katunggara hate, nu teu kaur rengse.

Kuring nu keur mudun, leumpang rusuh,
teu burung nahan lengkah, hayang teges dedengean,
ti jauhna haleuang adan magrib nyurahan rasa, sorana mancawura
minuhan langit sore nu mubyar ku layung beureum,
sajak endah nu bakal langgeng
nyubadanan badan sakujur.

Sabaraha jauh deui, kuring kudu lumampah ?
maluruh lengkah jeung hanca batur, nu kasidem di jalan satapak
nu mingkin harieum, muru peteng,
ari mega pulas tambaga nu jadi harepan, ukur anteng ngawaskeun
pepedut nu mindah-mindah rupa,
leuh, kumaha teuing, lamun ieu peuting nu rek disorang ku kuring
moal nepi katutugan. (*)

Kintunan : Fajar Pamungkas, Pangurus Literasi Pelajar Kec.Caringin

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

SURAT PONDOK PIKEUN, WIE....

Rabu, 31 Mei 2023 | 20:00 WIB

SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:53 WIB

SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:02 WIB

GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK

Rabu, 31 Mei 2023 | 15:55 WIB

SAJAK SANGKURIANG

Rabu, 31 Mei 2023 | 09:15 WIB

SAJAK PONDOK PIKEUN HIDEP

Selasa, 30 Mei 2023 | 22:23 WIB

SAJAK, NU NGANCIK DI POE ISUK

Minggu, 28 Mei 2023 | 20:05 WIB

Sajak, Sarewu Kali Leuwih Hiji

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:12 WIB

SAJAK DIAJAR SABAR

Minggu, 28 Mei 2023 | 00:00 WIB

Karya MA Salmun Tacan Gembleng Kakumpulkeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:35 WIB

Mulangkeun Kaheman

Jumat, 26 Mei 2023 | 09:21 WIB

SAJAK KEUR UPIK

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:24 WIB

sajak, Papatong Leumpeuh ku Ibun

Rabu, 17 Mei 2023 | 16:01 WIB

Sajak Anjeun Moal Surti

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:48 WIB

Sajak Topeng Monyet

Rabu, 17 Mei 2023 | 11:34 WIB

SAJAK PESTA PILEG

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:51 WIB

SAJAK NU TEU KALISANKEUN

Senin, 15 Mei 2023 | 08:31 WIB

Padungdengan Sastra Sunda

Jumat, 12 Mei 2023 | 19:53 WIB

Sajak PRANG PRING

Jumat, 12 Mei 2023 | 11:04 WIB
X