RURUHIT HARUPAT TUJUH
Hidep teh lalaki, ari lalaki najan cenah teu untupan,
tetep kudu teuneung, ulah leah najan pare beuneur hejo ayeuh,
sareh tumamprak nemahan kadar, nu teu junun nepi ka usum,
naha aya kitu ubarna, pikeun raheut nu peurih humapur ?
geuraheun, ceuk anjeun,
ari geugeuleuh nu geus hangru, najan haben disamunikeun,
hamo teuing gampang sirna…!
Hidep teh lalaki, ari lalaki najan cenah eleh kasoran,
tetep kudu ludeung, leumpang tigin, napak bumi,
lapalkeun do’a panyinglar, jeung puhit cacarakan,
nu mindeng ditulis dimubyarna sumirat balebat pajar,
papaykeun beueusna ibun janari,
mapag waktu nu mustajab,
ceungceuman para aulia anu mulya,
jeung sakabeh “abdillah”,
nu sareh sumerah diri….!
Hidep teh lalaki, ari lalaki lir ibarat resi nu minandita,
papaesan awak sakujur diri, ku ahlak hade,
puhit sing nepi ka lebur :
“ruruhit harupat tujuh….!” (*)
Kintunan Fajar Pamungkas, (Pangurus Literasi Pelajar Kecamatan Caringin
Artikel Terkait
SAJAK SANGKURIANG
GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK
SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA