Urang awurkeun ieu gemuk, gemuk pangrungrum katineung pikir,
lain pikeun jukut jambrong nu sok molontod sorangan,
kuring nu hayang boga akuan, najan ceuk anjeun cenah pamohalan,
ngan ulah teuing geruh, naha hirup urang nu ngan saukur sakasampeurna
ieu oge pamohalan kitu....?
Urang awurkeun ieu pepetetan,
pepetetan sarewu doa nu hiber mancawura,
heug mubus meulah peurayna ibun janari,
doa subuh kuring nu ngahaja disejakeun pikeun sakabeh kembang,
nu isuk-isuk sok pahibut dipipit ku nyi mojang ceungceuman,
najan cenah anjeun kabejakeun mindeng bengbatan, teu jejem,
tapi kuring, harita, jangji rek tetep satuhu,
hamo eleh satia ku seungitna kembang malati nu nyambuang
napel dina carecet nilep.....!
(hanjakal urang beakeun itungan poe, carecet tanda asih ti anjeun
bakal terus nilep, ciciren, jangji laas kasilih ku wanci....!) (*)
Didim MG, Pupuhu Literasi Riksa Sarakan
Artikel Terkait
SAJAK SANGKURIANG
GULIDAG BEJA NU JADI SAJAK
SAJAK MEGA PULAS TAMBAGA
SAJAK RURUHIT HARUPAT TUJUH