Ema-ema Gaya
Ku: Uun Nugraha
Ti saprak eureun gawé, kuring jadi boga tugas anyar, nganteurkeun jeung ngajemput anak ti sakola. Nu tadina diateur jeung dijemput ku pembantu téh ayeuna mah ngawayahnakeun kudu ku sorangan. Ngahaja teu ngayaan pembantu deui, da kuring geus eureun tina gawé. Jeung utamana mah keur ngahémat waragad rumah tangga wé.
Enya, ari ngagugu kahayang mah tetep kuring téh hayang terus digawé kawas batur. Jadi “wanita karir” ceuk gayana mah. Karir nu ngaririweuh, nu tiap poé kudu ngantor tur ngurus sagala urusan. Tapi mun dipikir deui, dipikir dibulak-balik, teu sakabéh wanita karir suksés dina urusan rumahtangga pan, najan loba ogé kétang nu bisa ngurus rumahtanggana kalayan hadé dina urusan karirna. Ah, keun teuing, teu kudu hantem dipikiran. Ayeuna mah kuring geus eureun gawé, leupas tina kasibukan di kantor. Nu jelas, kuring téh rék tuhu ka salaki, tuhu kana tugas ibu rumah tangga nu kudu dijalankeun samistina. Najan ti awal rumah tangga gé salaki mah teu ieuh nyarék, naha kuring kudu eureun gawé atawa nitah terus digawé.
Harita, isuk-isuk kénéh kuring nganteurkeun Syifa, anak kuring ka sakolana. Méméh bél asup disada gé geus nepi di sakola. Tara telat mun nganteurkeun téh, ngahaja supaya ngabiasakeun disiplin keur anak kuring. Di hareupeun kelas, dina barisan, Syifa ngarérét ka kuring, manéhna ngadadahan, “Mamaaahh...!” najan teu kareungeu, tapi kanyahoan tina renyu biwirna. Kuring ukur imut bari males ngadadahan. Sanggeus sakabéh barudak asup ka kelas, kuring ngaléos muru bangku tempat diuk ibu-ibu wali murid séjén nu narungguan anak-anakna.
“Héy, mamah Syifa, kamana waé atuh mani awis tepang?” mamah Ratih nanya ka kuring nu karék gék diuk. Di sakola mah geus biasa nyebut ngaran téh maké ngaran anak baé.
“Biasa wé, Mamah Ratih, abdi mah tara kamamana. Ukur kaprak-keprek di rorompok...,” témbal kuring.
“Ari Mamah Syifa tos lebet grup WA kitu?” mamah Yopie nanya bari ngarérét ka kuring, tuluy muka HP androidna ningalian ngaran kuring dina grup WA.
“Atos..., ngan tara komén mamah Syifa mah, nya,” mamah Ratih mangjawabkeun pananya mamah Yopie. Panonna mah ngagiler ka kuring.
Kuring ukur seuri, tanda ngaenyakeun kana jawaban mamah Ratih. Satuluyna kuring mah mukaan majalah nu dibawa ti imah. Da kitu geuning, nungguan bubarna budak sakola téh sok kesel, jadi sok bari macaan majalah nu dibekel ti imah.
“Mamah Ratih? Katarima teu WA ti abdi?” tanya mamah Yopie.
“Nu mana téa, nya? Oh, nu éta téa meureun, nya? Enya lah, hayu waé rék arulin mah. Sagrup urang wé, da sok hésé geuning ngajakan nu lain grup urang mah,” témbal Mamah Ratih, “Nu sok ngaramékeun grup waé, nya?” pokna deui. Panonna ngagiler ka kuring nu keur tonggoy maca majalah.
“Enya, hayu, pasti resep da. Tapi nu tara komén ogé tawaran, bisi hoyongeun gabung ulin jeung urang, nya Mamah Syifa?” ceuk Mamah Riki mairan ibu-ibu nu keur ngariung.
Najan keur maca, tapi ngadéngé ucapan ti Mamah Riki mah kuring gé maksakeun ngalieuk. Asa medenghel. Jujur baé, ucapan Mamah Riki mah pastina nyindir ka kuring. Rumasa, mémang kuring mah langka pisan kuman-komén dina grup WA téh. Sok sanajan buktina mah lain ukur kuring sorangan nu tara komén dina grup WA téh. Bener kituna mah, lamun teu boga HP téh sok jadi katinggaleun inpo. Sagala rupa inpormasi ngeunaan tugas-tugas barudak ti sakola sok dibagikeun dina HP baé. HP android nu canggih téa. Ngan keur kuring, ari inpormasi nu datang ti sakola mah éta gé sok dibaca, atawa sok males nganuhunkeun waé dina grup téh, tara panjang komén. Lamun sakalieun teu ngarti, nya sok nga-WA langsung wé ka guruna.
“Mah Ratih, cing tingali poto propil WA abi, kerudungna pas teu jeung warna bajuna?” tanya Mamah Yopie semu hayang kapuji.
“Anu dina propil WA?” Mamah Ratih malik nanya bari terus ngoprék HP-na.
“Enya. Pas teu?”
“Oh, alus..., deuh mani pas pisan éta mah. Dimana meulina, Mah Yopie?” ceuk Mamah Ratih.
“Aya wéh, ké dibéjaan tokona ku abdi, nya. Aéh, apanan awéwé mah maké pakéan téh kudu mécing lin? Enya siga pakéan abdi yeuh. Merkna gé geus sohor ieu mah.” Omong Mamah Yopie. Kituna téh ngahaja awakna rada lunggak-linggek ningalikeun pakéanana hareupeun ibu-ibu nu ngariung, kaasup kuring. Mamah Riki mah kuat ka ngeprokan ningalikeun gayana Mamah Yopie téh. Puguh asa diulangtaunkeun, Mamah Yopie beuki motah. Beeuuu..., ieu mah jiga ngabibita ka kuring. Lunggak-linggekna téh bari ngadeukeutan kuring, teu sirikna diantelkeun kana beungeut kuring. Naha pédah kuring teu campur gaul jeung maranéhna kitu? Tara milu gabung kana acara maranéhna? Enya, sabot nungguan budak di sakola téh rumasa kuring mah tara milu ubral-obrol jeung maranéhna, atuda teu bisa keur kuring mah. Papakéan gé teu garinding siga nu diparaké ku ibu-ibu éta. Da ceuk pipikiran kuring, ari ukur nganteur jeung ngajemput budak ti sakola mah teu kudu ginding siga ka ondangan atuh, cukup pakéan basajan. Maké baju leungeun panjang atawa maké jékét, ka handapna mah cukup kulot atawa calana panjang biasa. Sirah ditiung nu samistina. Tapi ari raradutan atawa acak-acakan mah asa piraku, da éra ku para guru di sakola. Nu penting rapih baé.
Ngariung jeung ibu-ibu kitu téh sakapeung sok jadi acara silihtingalikeun pangaboga masing-masing. Najan teu ditanya gé apanan sok ujug-ujug disarebutkeun, boga anu, tos piknik ti anu, geus acara anu di anu, balanja anu...ah, pokona mah loba wéh. Geus puguh ari pakéan jeung tiung mah, méh tiap poé ganti. Lamun seug boga perhiasan anyar, boh cincin boh geulang, teu sirikna leungeun téh dipaké pepeta mun ngalobrol téh, dioyagkeun sina kadéngé ngirincing. Ceuk tukang somay mah persis toko emas berjalan, cenah.
Keur kuring mah ukur bisa mésem mun ngadéngékeun obrolan nu kitu téh. Ningali dangdanan ibu-ibu kitu ogé ukur bisa molohok, lain teu hayang siga maranéhna nu kadangkala nurutan para ABG jaman kiwari téa. Ngan da geus teu harayang atuh, lain waktuna jeung lain dina tempatna, da dilain-lain ogé kuring téh ngalaman jadi awéwé kantoran, nu kudu bisa merenahkeun kumaha carana dangdan, kumaha carana ngobrol campur gaul jeung batur. Ngan kiwari mah kuring geus lain awéwé kantoran deui pan, lain wanita karir jiga baheula. Karunya ka salaki nu tihothat nyiar napakah, teu téga kudu gagayaan sorangan, méakkeun duit ti salaki sangkan dipuji ku batur.
Teu karasa waktu nyérélék, sora bél tanda bubar kadéngé tina témbok luhureun kelas. Brul, barudak kalaluar ti kelasna séwang-séwangan. Katingali pahibut hayang paheula-heula muru indungna nu titadi narungguan. Tapi nu imahna dareukeut mah baralikna téh bareng jeung babaturanana. Silihkaléng, patungtun-tungtun jeung batur-baturna bangun nu suka bungah. Lila-lila kelas téh kosong.
“Mamaaahh...!” Syifa ngajorowok muru kuring, tuluy salim nyium leungeun kuring. Di satukangeun Syifa aya Bu Siti nu jadi wali kelasna nuturkeun.
“Bu...?” kuring nanya bari rengkuh.
Bu Siti ogé males ku imut bari sarua rengkuh. Tadina mah kuring hayang ngobrol jeung Bu Siti téh, rék nanyakeun ngeunaan Syifa di kelas. Ngan Bu Siti kaburu leumpang deui muru ka kantor semu rurusuhan. Sigana mah aya urusan deui di kantor. Katambah Bu Siti mah ngajar deui barudak nu asup bagéan beurang. Ahirna kuring jeung Syifa gé geuwat muru ka tempat parkir motor rék terus balik. Dina sajeroning éta, kuring rada héran ka Mamah Yopie. Tadi waktu kelas geus kosong, karérét Mamah Yopie mah nguliwed asup ka kelas, duka rék néangan Yopie, anakna, duka rék aya perlu séjén. Ah, teu pati dititénan da kaburu aya Syifa nyampeurkeun. Ibu-ibu nu lian gé sarua pada mapagkeun anakna kaluar ti kelas. Aya nu lagsung balik, aya ogé nu jarajan heula di buruan sakola.
Rada lila di tempat parkir téh, da Syifa hayang meuli heula buku gambar, pipilih gambar sampulna nu dipikaresep ku Syifa. Keur milihan buku gambar, lar Mamah Yopie ngaliwat semu rurusuhan.
“Enggal Yopie, mamah aya perlu deui!” ceuk Mamah Yopie bari ngabebetot leungeun anakna.
“Ké heula, Mamah..., hoyong jajan heula!” témbal Yopie rada merod.
Mamah Yopie hantem ngabebetot anakna.
“Mamah Yopie teu acan uih?” tanya kuring ka nu keur ngabebetot leungeun anakna. Mamah Yopie ukur kunyem. Gura-giru manéhna ngabebetot deui anakna. Ayeuna mah daék Yopie téh nuturkeun indungna, da sieun dicarékan meureun. Ngan ayeuna mah Mamah Yopie téh bari ngéngélék tas, apanan asalna mah henteu. Tadi waktu ngariung jeung nu séjén gé teu ningali mawa tas manéhna mah. Tas nu dikékélék téh warnana coklat, aya kelir beureum, merkna guess. Merk nu kasohor. Sanggeus ngahurungkeun motorna, biur ninggalkeun tempat parkir.
Teu lila ti dinya, di hareupeun kelas katangen Bu Siti bulak-balik kaluar kelas bari rawah-riwih, “Aya nu ningal tas Ibu teu? Ningali tas Abdi teu? Tadi mah aya dina luhur méja di kelas,” ceuk Bu Siti tunyu-tanya ka barudak nu aya sabudeureun kelas. Nu ditanya ukur ngomong teu terang atawa gideug. Bu Siti beuki geumpeur.
Guru-guru jeung kepala sekolah nyalampeurkeun. Kuring gé panasaran milu nyampeurkeun.
“Di mana icalna, Bu” tanya kepala sekolah.
“Di kelas, Pa. Waktos abdi ka kantor nepangan Bapa mah aya kénéh di luhur méja. Ari uih deui ka kelas geuning tos teu aya...”
“Naon waé di lebetna?”
“Nu utami mah HP sareng artos tabungan murangkalih, Pa. Duh, kumaha atuh nya...?” ceuk Bu Siti ampir rék ceurik.
“Tas warna kumaha, Bu? Merk naon?” tanya guru séjén.
“Warna coklat, kelir beureum di tengahna...merkna Guess...,” jawab Bu Siti.
Ngadéngé caritaan Bu Siti, kuring sajongjongan ngahuleng. Ras inget kana tas nu dikékélék ku Mamah Yopie nu rurusuhan balik ti tempat parkir. Warna jeung kelir tas téh sarua pisan jeung tas bogana Bu Siti nu ayeuna leungit. Apanan kuring gé apal kana merk tas téh. Tapi ulah waka suudon ka sasaha kétang. Kudu dipaluruh heula sing bener kamana jeung ku saha tas Bu Siti dicokotna. Wallohu’alam.***(carpon Ku: Uun Nugraha)
Artikel Terkait
Teu Resep, Eneh mah ka Buku eta Teh
Galindeng Pun Eyang
TUGAS NAGARA
NEANG KANYAAH BAPA