Sabtu, 3 Juni 2023

NALANGSA

- Jumat, 26 Mei 2023 | 08:57 WIB
ilustrasi carpon Nalangsa
ilustrasi carpon Nalangsa

NALANGSA

Ku EHW

 Kakara ceuk beja. Mudah-mudahan wae lain beca pulitik. Pan ceuk ki Dulur (sabenerna mah kuring leuwih merenah nyebut Alo ka manehna teh, atuda ngora keneh pisan, karek umur 26 taun), beja pulitik mah sanajan nyatana biru ulah sologoto disebut biru. Ih, ku teu pararuguh. Upama tea enya kitu, ku nongtorogan. Bukti biru kudu disebut lain biru. Matak kuring mah lain anti pulitik, ngan asa tumarumpang we ngabandungannana.

     Jeung nu penting mah, kuring teu hayang goreng sangka ka batur. Komo deui ieu mah sasat lain batur, ka dunungan kuring sorangan. Pamingpin sakabeh rayat Kabupaten Bogor. Sumuhun, Pa RY. Enya kitu, saurna, Pa RY sok ngaraos nalangsa. Sedih kingkin, dugi ka sok ngeclakkeun cisoca lamun heug Anjeuna kedah ngotretkeun tawisanna, ngaluluskeun ajuan pegatna tali pernikahan hiji kulawarga PNS di lingkup kerja Pemda Kabupaten Bogor. Munasabah pisan, apan nu kabayang ku urang, korbanna teh lain ngan pribadi kolotna wungkul, anu matak watir mah kumaha nya nasib barudakna kahareup.

     Ari kuring lain ceuk cenah, da memang ku pingpinan teh sering ditugaskeun kudu nguruskeun nu aya patalina jeung nu keur parerang dingin tea. Alesanna, lain pedah kuring kaanteur saupama jadi jelema wijaksana, atawa manjing miyuni santri, ieu mah pedah we euweuh deui jelema, oge meureun pedah umur pangkolotna, bari pang cetuk huisna. Teu nyambung pisan. Ari nyuprih elmu keur sakola teh aya kana 11 taunna di jurusan Tehnik Bangunan. Enya, 3 taun di Sakola Teknik Pertama (STP), 3 Taun di Sakola Teknik Menengah (STM), jeung 5 taun di IKIP Jakarta, di Fakultas Teknik Bangunan Gedung. Kuduna jadi tukang nga-analisis bangunan gedung, kalah ka jadi tukang nga-analisis bangunan rumah tangga batur. Sarua pelebah bangunanna mah ketang. Jeung deui teu aneh teu sing. Komo di jaman Gubernur DKI Cokropanolo mah aya nu leuwih aheng deui, anjeuna kantos nunjuk putrana ku anjeun, lulusan Fakultas Kedokteran Gigi janten Pimpro pangwangunan terminal Kampung Rambutan. Duka lamun dianggapna ku Juragan Gubernur mah, apanan rambut-rambut kitu mah memang deukeut sareng gigi. Heuheuy deuh.

     Pan kitu ceuk sepuh oge, hirup jeung leunjeurannana, nasib jeung udagannana. Kadituna kudu jadi patokan, naon rupa anu jadi milik urang ayeuna tos mangrupakeun nijat ti Gusti anu kagungan, eta anu nuju parerang-dingin teh bisa alakur deui. Ngarangkep deui, lalayeut deui, Bismmillah deui, malah mandar duriat nu arek udar teh bisa raket deui. Kitu lah, lamun dina wujud nagara tea mah, akur jeung runtut raut deui, ngahiji deui, contona kawas nagara Jerman Barat jeung Jerman Timur, atawa Vietnam Utara jeung Vietnam Selatan, minimal jiga Korea Selatan jeung Korea Utara, anu nepi ka danget ieu, eta dua nagara sadulur teh teu weleh silih intip, pa baeud-baeud tapi masih silih ajenan keneh, jeung jiga anu papada sieun.

     Palias, ulah jiga nagara Israel jeung Palestina mah, nu ngan silih kakalakeun wae. Pangpangna eta bangsa Israelna, tapi teu kudu aneh ketang. Urang Yahudi mah tong sabangsaning ka papada mahluk, apan wangkelang ka Gusti Allah anu nyiptakeun maranehna oge sakitu nyucudna.

     Sumuhun, leres pisan, da kabeh oge kangaranan rumah tangga mah pasti ngalaman kumaha hanjeluna hate, lamun seug kudu nyanghareupan bancang pakewuh di rumah tangga. Sunami Aceh anu sakitu pikagilaeun teh,teu meueus-meueus acan, lamun dibanding jeung kuring saupama ditinggalkeun ku indung si kuncrit, he..he..he.., ceuk sobat kuring kang Rukman Santana, bari seuri maur. Teuing tah, seuri maurna teh, pedah sugan enya boga luang pribadi, bari pernah ngalaman ditinggalkeun ku si Iteungna. Wallahu Allam.

     Ari kasang tukang anu umum, tungtutan gugat-cerai di kantor kuring lamun dipersentase, 34 % akibat ayana WIL/PIL, anu 66% masalah ekonomi. Jadi, rada teu sapagodos jeung hasil penelitian anu diliris ku barudak Mahasiswa UNY bulan Januari 2012, pajarkeun aya kana 56 % na, hartina anu dominan, gugat-cerai dikalangan guru PNS teh akibat perselingkuhan kusabab ayana WIL jeung PIL. Tapi ulah waka bungah heula, pedah dasar gugat-cerai di kantor kuring mah anu dominan teh lain ayana degradasi moral, atawa ruksakna akhlak para guru.

     Tetep pikahariwangeun, sabab sanajan kasang tukangna masalah ekonomi, lain hartina si Bapa/Ibu guru mariskin, komo bari lamun dianggap teu bisa dahar-dahar acan mah. Anu dimaksud matak ngenes teh, 94 % gugatan cerai diajukeun ku guru awewe ka salakina, pedah salakina nganggur atawa panghasilanna teu sagede gajih si Ibu guru. Jeung 100% guru awewe anu ngagugat talak ka salakina teh, maranehna anu geus meunang duit tunjangan sertfikasi.

     Malah aya hiji kasus, anu matak jadi lingsem jeung era parada najan keur kuring sorangan pangawak lalaki. Ku tega eta mah si Ibu guru, padahal inyana teh umur geus leuwih ti 55 taun, kaci cul salaki, cul anak. Terus kawin (atawa ngawin) deui ka budak bujang umur 26 taun. Tadi tea, ceuk kuring oge korban anu paling fatal mah taya lian iwal ti nasib barudakna.

     Tina jihad pendidikan aya 3 ranah atawa domain, anu bakal kajida gede pangaruhna saupama urang hayang berhasil ngadidik budak. Kahiji di lingkungan kulawarga, kadua di lingkungan pergaulan atawa masarakat jeung katilu di lingkungan sakola, formal atawa teu formal. Di lingkungan kulawarga, tanggung jawab pendidikan budak teh, mutlak mangrupa tanggung jawab kolotna masing-masing. Di lingkungan masyarakat atawa pergaulan, tangtu wae jadi tanggung jawab masyarakatna sorangan. Di Sakola otomatis barudak teh jadi tanggung jawab masing-masing Sakola.

     Kuduna mah barudak urang teh, rek di kulawarga, di masyarakat oge di Sakola, naon rupa pangaweruh anu rek ditepikeun teh kudu anu sajalan, ulah papalingpang komo bari jeung tojailum nini-nini panonna geus paor, sari-sari kotokeun, lalawora leumpang heug wae kacium (katodel) Angkot anu rabeng jiga siraru. Na da eta mah isukna, eta ki Dulur sabalad-balad demo nungtut ka Bapa Walikota, sangkan sakabeh nini-nini anu arek meuntas, wajib dipangku ku petugas Satpol PP, persis sakumaha biasa, lamun Bapa Satpol PP mangku yayangna di imahna masing-masing. Beu eta mah ki Dulur, ku teu boga cedo.

     Ngan ninggang masalah si Ibu guru (55 taun) ngawin (lain di kawin) budak bujang umur 26 taun tea mah, sakitu teu matutna eta kalakuan. Ih, da adem ayem we. Endelehem we (Saur Kyai Zainuddin MZ tea mah). Tangtu wae ki Dulur teh moal daekkeun demo, komo bari jeung mapak balad sakumaha biasana mah, apanan budak ngora anu umur 26 taun teh, nya manehna pisan. (*)

Halaman:

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

TEU CIOS DINTEN IEU

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:06 WIB

Lima Jam Di Pangberokan

Selasa, 30 Mei 2023 | 09:39 WIB

NALANGSA

Jumat, 26 Mei 2023 | 08:57 WIB

Ema-ema Gaya

Selasa, 23 Mei 2023 | 16:18 WIB

NEANG KANYAAH BAPA

Rabu, 17 Mei 2023 | 15:20 WIB

TUGAS NAGARA

Rabu, 17 Mei 2023 | 12:18 WIB

Galindeng Pun Eyang

Jumat, 12 Mei 2023 | 10:05 WIB

Teu Resep, Eneh mah ka Buku eta Teh

Kamis, 11 Mei 2023 | 21:46 WIB

Beas keur Nini

Selasa, 9 Mei 2023 | 10:17 WIB

Poe Kahiji asup Sakola

Selasa, 9 Mei 2023 | 01:34 WIB

DURIAT PAKOKOLOT

Selasa, 9 Mei 2023 | 01:23 WIB

Tukang Beca

Senin, 8 Mei 2023 | 08:33 WIB

Ngelehan Maneh

Sabtu, 6 Mei 2023 | 15:18 WIB

Partey Pulitik

Jumat, 5 Mei 2023 | 23:24 WIB

KUJANG UJANG

Rabu, 3 Mei 2023 | 20:04 WIB

DUH INDUNG

Rabu, 3 Mei 2023 | 07:28 WIB

BULAN JULI, LAIN KEUR NENG YULI

Kamis, 27 April 2023 | 13:28 WIB

lebaran, Keretek Cinta

Senin, 24 April 2023 | 20:45 WIB

SI DENOK

Senin, 10 April 2023 | 23:48 WIB

B i s u l

Senin, 10 April 2023 | 23:19 WIB
X