Selasa, 23 April 2024

Garut Pangirutan, Cimanuk Huluwotanna

- Rabu, 17 Mei 2023 | 15:34 WIB
Garut Pangirutan, Cimanuk  Huluwotanna
Garut Pangirutan, Cimanuk Huluwotanna

Garut Pangirutan, Cimanuk  Huluwotanna

 Ku Ajie Pamungkas

 Numutkeun nu kapicatur, sarakan Garut kiwari, kapungkurna di abad ka 14 kaereh ka Karajaan Galunggung. Mung wae numutkeun kayakinan urang Garut nyalira, di umbul Garut oge kantos dumuk karajaan buhun “Timbanganten”. Nu rada tembong teges, nincak ka jaman Islam, jaman tatar Sunda (Priangan) di jajah ku Mataram, nu saterusna dihanca dijajah ku bangsa Walanda (Belanda), paseban Garut kaasup wilayah nu mandiri. Najan numutkeun data administrasi hususna pikeun cutak Malangbong sareng Limbangan, kapungkurna, mindeng diangken minangka cutak nu mahabah ka nagri Sumedanglarang (abad ka 16-18).

            Anapon Garut nu bade diguar dina ieu tulisan, taya sanes Garut nu rada kabehdieunakeun. Utamana sanggeus Garut dikawasa ku kaom panjajah Walanda. Ngan pedah wae Garut nu di jaman harita, seueur padumukna nu tos ngagem Islam, estu pengkuh sareng tawadu dina ngalaksanakeun ageman Islam, barokahna tembong, sawaka Garut kenging pangriksa Gusti.

            Pandangan model bieu teh, estuning nembrak gurat beureumna, utamana lamun dihubungkeun sareng tokoh Walanda nu wastana F.D. Holle, juragan perkebunan enteh, nu ku urang Garut nelah disebat “Tuan Ageung” tea. Tuan Holle lir ibarat cai ibun nu nyecep tiis, najan inyana sumpingna ka Garut seja usaha, tapi Tuan Holle mah eces nenggang tinu sejen, teu bisa disakompet daunkeun jeung bangsa Walanda nu sejenna. Masing weruh tur sing emut ku jasana Tuan Holle, sababaraha naskah buhun Ki Sunda dikotektak tur jadi peperenian nu aya dina cangkingan inyana. Ratusan naskah buhun ditalungtik, dirawatan tur di dokumentasikeun, nepi ka urang, nu ngaku rundayan Ki Sunda, teu pareumeun teuing obor. Najan ukur remeng-remeng teu burung tembong jungkiringna tangtungan jirim Ki Sunda teh.

            Distrik Kolonial Walanda

            Wewengkon Garut, di jaman Walanda dibagi jadi 8 distrik atawa kawadanaan, dugi ka taun 50 an mah, ku barudak (murid)  SD di Garut, mindeng keneh dikawihkeun. Kieu dangdingna :

            “Nagri Garut dibagi dalapan distrik/Pangtebihna Pameungpeuk sareng Bungbulang/  Pangcaketna Cikajang, Bayongbong, Garut/  Leles, Cibatu, Tarogong….”

            Lebah ulat “nyantrina” urang Garut ngabanding jeung urang Banten, euyeub ku pasantren, sareng ti kapungkurna seueur tokoh agama wedalan Garut nu kakoncara. Rada kapiasem soteh lebah ngalarapkeun pangalaman “empiris”, mungguh hirup nu darma papasangan tea. Di wewengkon Banten, kapungkur mah seueur keneh nu muhit elmu kanuragan, model elmu “Rawe Rontek”. Teu bina ti kitu di Garut oge, ngaliwatan elmu ”debus”, nu semu mistik, atawa tradisi nu teu pati merenah mungguh papagon (sariah) agama, model kalangenan ngaben “ngadu domba”.

            Balik deui ka pasualan yen di Garut beunghar ku pakaya alam, euyeub ku warisan tradisi buhun. Nya ti wewengkon Garut, urang oge miwanoh lembur Kandang Wesi, lembur karang pamidangan Dalem Boncel nalika keur budak. Najan ukur kaasup carita klasik, nu ngahaja “distreotifkeun”, pikeun ngajejeleh yen nu kokoro miskin masket mah ulah gede teuing kahayang bisi malindes jadi mamala.   Carita Dalem Boncel dijamanna, dianggap legenda kawas hikayat Sangkuriang, atawa Malin Kundang pikeun urang Minang (Padang). Kitu mungguh nu kapaluruh, ti wewengkon Garut urang oge wanoh ka makam “Godog”, patilasan Sunan Rohmat (Kean Santang) nu dikaramatkeun.    Nya kitu deui, seja nohonan karep pedah balarea mindeng muhit carita mistik, ti lebah leuweung larangan “Sancang”, dongeng ka-ahengan nu rada deukeut ka musrik diguar taya towongna. Majarkeun di leuweung sancang sato maung oge aya dua rupa, nu kahiji maung nu ceuk elmu biologis, nyaan ukur sato maung “biasa”, tandana coreleng belang hideungna eta maung, ngagaris kapondokna. Anapon lamun maung “kajajaden”, garis belangna manjang ti sirah nepi kabuntut maung.

            Cindekna mah Garut nu diwengku ku 8 distrik (kawadanaan), ngurus atawa ngajejeran sababaraha cutak, minangka wilayah daerah disahandapeun kacamatan atawa kawadanaan. Garut oge di payungan ku gunung anu harelung jangkung, ti mimiti gunung Papandayan, Cikuray, Guntur, Talagabodas, Mandalawangi. Bari di papaesan ku pasir, alias gunung leutik sapertos, pasir Haruman, Karacak, Sadakeling, Kalendong, jeung pasir leutik sejenna nu ting pecenghul mapaesan pilemburan.

            Kitu mungguh papasangan alam, minangka anugrah Gusti, kusabab rajeg gunungna kaitung onjol, Garut jadi huluwotan walungan gede sapertos Cimanuk nu ngamalir ka arah kaler, ngamuara kalaut Jawa. Anapon walungan nu kaitung gede, nu sejenna deui nu ngamalir bahe ngidul, kayaking, walungan Cikandang, Cisanggiri, Cipalebuh, jog anjog atawa ngamuara ka Laut Kidul (Samudra Hindia).

            Peradaban Cimanuk

Kapungkur mah ti lebah ngamalirna cai sungapan walungan Cimanuk, nu cinembrang herang, ti lengkob lamping gunung Papandayan nu paeunteung-eunteung sareng gunung Cikuray, Cimanuk, harita, kantos janten kasang tukang peradaban nu pinunjul pikeun urang Garut. Hartosna walungan Cimanuk kantos janten “inspirasi” nu ngajembaran ruhani, sareng nu mampuh makayakeun hirup-huripna urang Garut (dohirna), dugi ka diantawis padumukna aya nu pinunjul nunjul langit, pareng janten tokoh nasional, malah aya nu nyambuangkeun wawangina dugi ka jauhna, ka dunya internasional.

Halaman:

Artikel Selanjutnya

Sumpah Raja Sunda

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Gupernur Jenderal Diperedih Ngadegkeun Sakola

Jumat, 9 Juni 2023 | 08:53 WIB

Pangurus Koperasi DWP Kancana Resmi Dilantik

Kamis, 8 Juni 2023 | 10:28 WIB

Ti Wewengkon Indonesia Tapi Lain Urang Indonesia

Minggu, 4 Juni 2023 | 21:45 WIB

Azas Pangajen dina Ngulik Sajarah

Minggu, 28 Mei 2023 | 21:16 WIB

Kabuyutan Buhun, Tempat Karuhun Meuseuh Diri

Jumat, 26 Mei 2023 | 20:25 WIB

Sumpah Raja Sunda Nu Pikakeu’Eungeun

Jumat, 26 Mei 2023 | 20:15 WIB

Garut Pangirutan, Cimanuk Huluwotanna

Rabu, 17 Mei 2023 | 15:34 WIB

Sumpah Raja Sunda

Jumat, 5 Mei 2023 | 08:05 WIB

The Jungle Muka Area Basisir

Jumat, 28 April 2023 | 13:09 WIB
X