SUNDAURANG.ID -- Ceuk sangkaan H Ten Dam, kala mangsa Pakuan Pajajaran manggung anegleng, di abad ka 16 Masehi, aya jalur niaga nu ngahubungkeun kakuasaan karajaan Sunda harita. Numutkeun pamanggih H T Dam, ti puseur dayeuh Pakuan Pajajaran (Bogor), nu muru ka kulonkeun, ngaliwatan jalan nu ka arah Rumpin, Jasinga nyambung ka Rangkasbitung, laju tepung jeung kota Serang (kiwari), panungtungan anjog ka wilayah Wahanten Girang (Banten). Anapon arah jalan nu ka wetankeun, kebat ngaler ngaliwat ka Muaraberes (Cibinong) jeung Ratujaya (Depok, kiwari), mengkol ngetan ngaliwat ka Cibarusah, mengkol deui ka kaler nepi ka Warunggede. Lamun diteruskeun lalampahan, heug meuntas Citarum, anjog ka beh tonggoh wilayah Jonggol, terus netek nanjak dugi ka Cikundul. Ti Cikundul semu ngidul anjog nepi ka Wanayasa, laju mubus nepi ka Sagalaherang. Ti Sagalaherang, labas ngaler ngetan nepi ka Pagelaran (Subang, kiwari), masih netek ngaler ngetan mo burung tembus ka Rancakalong, mudun nurugtug los ka Pasanggrahan (Kutamaya, kabehdieunakeun) Sumedang Larang. Ti Sumedang terus ngetan ngaliwat Tegalkalong, Situraja, Darmaraja (patilasan Prabu Tajimalela) nepi weh ka wilayah Wado nu kiwari ka keueum ku proyek “rohaka” bendungan Jatigede tea. Ti lebah Wado, ieu jalan buhun jadi dua arah, nu ngaler ngetan bakal anjog ka karajaan Talaga Manggung (Talaga), sateuacanna kedah ngaliwatan Lemah Sugih sareng Bantarujeg heula. Ari nu ngetan ngidul ngaliwat Malangbong terus tembus ka Sukapura (Indihiang, Tasik). Ti Sukapura ngajugjug ka tebeh kaler bakal kapanggih kota Kawali (Galuh). Pikeun ngajugjug ka kota Kawali atawa Galuh ti arah kota Talaga oge teu jadi halangan, ngaliwat ka Cikijing, terus mudun ngulon ngidul urang bakal anjog ka kota Kawali, dayeuh karajaan Galuh (Sunda) nu dumuk di wetan.
Cindekna mah, yen karajaan Talaga ti kapungkurna oge sanes karajaan nu nyengceling sorangan di padaleman, nampeu ngampar di lebah tutugan (suku) Gunung Cireme bahe ngulon ngidul. Pikeun bukti, ngaliwatan jalur niaga karajaan Talaga ti abad ka 16 keneh geus dianjrekan ku bangsa Tiongkok (Cina). Ti karajaan Talaga nu ngampar dumuk di suku gunung Indrajaya (gunung Cireme, kiwari) nu lahanna subur, tur ceuyah ku produk hasil bumi, samodel cabe, kentang, kacang panjang, suuk, jeruk mangse, buah manggah, tangkil jeung nu sejenna deui. Kitu ceuk nu kapaluruh, model karajaan Galuh ka asup karajaan Panjalu, nu nampeu didataran rendah, ukur mangrupa rawa nu teu bisa ngahasilkeun tatanen. Pikeun nyumponan pangabutuh sapopoe, urang Galuh jeung Panjalu ngengken atawa barangsiar ngayakeun tali mimitran ngaliwatan usaha dagang (niaga) jeung karajaan Talaga.
Numutkeun catetan sajarah, karajaan Talaga kantos janten karajaan daerah nu dikawasa ku karajaan Galuh-Kawali, kala mangsa agama karuhun urang masih ngagem Hindu sareng Budha. Waktu jaman kasultanan Islam Cirebon, karajaan Talaga kantos leupas ti karajaan Galuh lajeng janten karajaan daerah nu ngesto ka kasultanan Cirebon. Sanajan kitu sajarah mere beja, yen karajaan Talaga ti samemehna datang agama Islam, geus boga hubungan bilateral oge pulitik sareng kerajaan nu dumuk di sakurilingeunana, sapertos karajaan Sukapura, Galuh, Sumedang, Cianjur, Kuningan oge Cirebon.
Iwal ti hubungan perniagaan, sayaktosna antara karajaan Talaga sareng Galuh memang kapaluruh aya hubungan nu masket, nu kabeungkeut ku ayana ikatan perkawinan (pernikahan). Jadi dumasar kana silsilah atawa teureuh, teu kudu jadi helok, nu jareneng jadi bupati (dalem) di Galuh memeh ganti ngaran jadi Ciamis, ti garis ibu (indung) pasti teureuh ti karajaan Talaga. Nya kitu deui lamun ti garis rama (bapa) pasti torojolna ti karajaan Galuh, karajaan Sunda nu dumuk di wetan.
Kedah jadi pangaweruh, lamun karajaan Talaga sakitu kuatna tali mimitran sareng karajaan Galuh, maka tangtuna oge karajaan Talaga bakal boga hubungan anu sarua deukeutna sareng karajaan Pakuan Pajajaran, karajaan Sunda nu aya di kulon (Bogor).
Pikeun nguatkeun pamanggih di luhur, dihandap ieu bade diserat teks silsilah Prabu Siliwangi (HRS, Mangle no. 2490) :
Punika, nya ieu Prabu Siliwangi
Puputra Mundingsari Ageung
Puputra Mundingsari Leutik
Puputra Pangeran Panglurah
Puputra Pucuk Umum
Puputra Sareupeun Nagara
Siya Puputra Sunan Parung
Artikel Terkait
Curug Pangeran, Kaéndahan Alam Ciptaan Gusti Pangeran
Karawang Buhun, Pinuh Intrik kantos tunduk ka Sultan Agung
Garut Pangirutan, Cimanuk Huluwotanna