Kabuyutan Buhun, Tempat Karuhun Meuseuh Diri
Ku Arya G Gunadi
Urang ngundeur naon nu bisa ku urang dipetik, atawa ceuk basa buhunna tea mah urang nganyam atawa ngayuman nu bisa ku urang diayuman, dibebener jeung dibeberes. Meungpeung urang dibere keneh waktu jeung boga kasempetan, nu sakirana kadada kaduga, tong ngarep-ngarep hasilna, lantaran lubar kawajiban pikeun dijaman model kiwari mah, geuning meni sakitu hese belekena.
Contona lamun urang mileuheungan daek nyoreang katukang, utamana sanggeus Kabuyutan Cipaku Sumedang, nu nelah disebut Kabuyutan Lemah Sagandu nu kapungkurna dumuk di wewengkon leuweung larangan Cipeueut, Cipaku-Darmaraja-Sumedang, tempat meuseuh diri Hyang Rumuhun Eyang Haji Aji Putih, oge Hyang Rumuhun Prabu Tajimalela, nu patilasanna kiwari geus moksa kalayan dihaja, dikeueum ku kiruh jeung bau hangruna cai walungan Cimanuk, nu ti girangna keneh oge geus lekoh ku kokotor.
Duka katunggara hate urang (Sunda) nu leungiteun ratusan situs, atawa puluhan kabuyutan naha mampuh kitu lamun urang boga karep rek “ngalelemah” nyieun “tatapakan” sorangan geusan mitembeyan nyieun lalakon anyar. Nu puguh mah urang Sunda geus “sampurna” moksa nemahan “batin jerona” sorangan bongan ngantep maneh, batan nu tembong kantun jirim atawa raga wadagna nu nanggorek beakeun “picaritaeun”. Jaheutna hate pedah sabagian sajarah urang (Sumedang), nu dihagal teu bisa ngalawan kakawasaan karep panguasa, jaga bakal meubeut meulit jadi pasualan “gede”, sabab anak incu urang bakal leungiteun tutungkusan atawa “jimat” diri, sarta teu apal rasa wiwitan maranehna sorangan. Raga wadag nu ngatog lolong, jirim nu teu ngandung “harti” teu bina ti budah sagara, satemenna ku urang geus mimiti karasa.
Bongan urang talobeh, nepi ka sabagian “Mandala” nu miboga lambang “Bodas”, nyatana Mandala Wetan, dikiwari geus lekasan, bareng jeung “rurub-na” cai walungan Cimanuk minuhan bendungan rohaka Proyek Jatigede. Ceurik urang nu banget ngenes, nu geus carem leungiteun “sajarah-na”, ngan wungkul bakal jadi kageuhgeuyan jalma basilat, jalma rawayan nu teu karuhan tujuan hirupna.
Mandala Lima, Puseur Kabuyutan
Najan kanalangsa minuhan batin, ngan wae taya salahna lamun urang hideng pikeun ngawanohkeun deui diri, ka jirim atawa kalangkang diri urang sorangan, memeh kadar urang nohonan waktu, nepi ka siloka buhun “jati kasilih ku junta”, “rasa” nu unggal usik ngingetan diri, tiwas kelebuh teuleum palid ninggalkeun “karumasa”, pedah wae urang, nu ceuk tadi tea, teu tuhu sareng teu tumut ka saniskara “amanat” sepuh (karuhun) urang sorangan.
Ku gedena karumasa satemenna ieu “lalakon” ditulis. Geura urang pedar, naon atuh ari “kabuyutan” teh ? Kabuyutan dikiwari sok dipapandekeun ka “padepokan”, teu pati salah, ngan pedah rada kurang merenah. Hartina, boh kabuyutan oge padepokan boga tujuan anu sarua, pikeun meuseuh diri atawa tolab elmu nu ditujukeun geusan deukeut atawa larap nohonan pangersa Gusti, Dzat Nu Murbeng Alam.
Jalma nu hirupna larap dina papagon agama (Gusti Allah), tangtu bakal ngadatangkeun mangpirang-pirang rohmat ti Mantenna. Gilig tekad, kayid jangji pikeun hirup nanjeur numutkeun sakumaha aturan Gusti, (insya Allah) bakal hirup ngalalakon “tanjeur di buana” kalayan pinuh wawangi. Sakumaha nu dipedar dina naskah buhun “Sanghyang Siksa Kandang Karesian”, hususna ngeunaan pedaran talek “Amanah Galunggung”, nu nyebutkeun yen jalma nu teu riksa pikeun madep ka kabuyutan, hirupna leuwih hina batan “lasung”. Lasung teh lalandihan sato hewan sajenis anjing. Kitu deui Eyang Prabu Siliwangi numutkeun prasasti “Kabantenan”, anjeunna mepelingan urang sadaya, minangka seuweu siwi Ki Sunda, sangkan ulah nepi ka ngamomorekeun kabuyutan.
Ngan ari urang (Sunda) dikiwari, sakumaha nu kaalaman ku urang Sumedang, geuning teu sing riksa diri, cenah tamaha sorangan, bongan urang eleh wowotan, rajeun boga pamingpin, pamingpin nu teu weruh ka sajarahna sorangan. Katunggara model kitu teh bakal terus narekab jadi mamala, jeung lamun urang riksa diri kalayan sadar, satemenna mamala atawa musibahna dikiwari geus mimiti ngahuru hirup urang nu ceuk tadi tea bongan maneh teu tuhu jeung teu tilawat ka amanat karuhunna sorangan.
Ari wewengkon Sumedang, nu kapungkurna nelah disebut nagri (sarakan) Sumedanglarang, bisa disebutkeun puseur kabuyutan, jeung dipiwanoh minangka Mandala Wetan, kalayan uga kabuyutanna make simbol “bodas”. Iwal ti kitu, Sumedang di jaman buhun ngaliwatan kabuyutan Cipaku, boga pangaruh gede sarta nu mokalan ngadegna kurang leuwih 32 kabuyutan nu madep kalayan, “sinuku tunggal”. Jeung urang dikiwari masih bisa maluruh laratanana, model ngaran Cipaku Bogor, Cipaku Subang, Cipaku Garut, Cipaku Kuningan, nepi ka Cipaku nu aya di Kabupaten Brebes.
Sesebutan ngaran Mandala, anu numutkeun sepuh (karuhun) boga garapan pikeun nalingakeun 24 kabuyutan di masing-masing wewengkon nu geus ditangtukeun. Anapon Mandala anu mashur diantarana wae :
- Cipaku Bandung nu leuwih dipikawanoh disebut, Mandala Caang.
- Cipaku Bogor nu nelah disebut, Mandala Koneng, simbolna cahaya emas/bokor.
- Cipaku Sumedang, puseur kabuyutan, nelah disebut Mandala Bodas.
- Cipaku Subang, sohor disebut Mandala Hideung/tarum.
- Cipaku Garut, neneh make ngaran Mandala Beureum.
Numutkeun nu kapaluruh, ti jumlah lima Mandala, minangka wasal uga sepuh ti patalekan ”Papat Kalima Pancer” jumlahna nepi ka 800 kabuyutan kalayan sumebar disaamparan Tatar Sunda. Nu mindeng ditulis tur bisa dipapaykeun keneh ruruntuk kabuyutanna taya lian, kabuyutan Ciburuy (Galunggung, Garut), kabuyutan Kabantenan, kabuyutan Linggahiyang (Kawali), oge nu kiwari keur jadi kapanasaran para ahli sajarah, kabuyutan Pasir Jambu, oge kabuyutan Batukarut di wilayah Ciwidey, Bandung. Ngan wae ari urang minangka jalma awam boga keneh kapanasaran kitu ka sakur peperenian karuhun nu geus puguh diamanatkeun ka urang ? Tanghi atuh, Lur ! (*) kenging ngundug tina sawatara bahan aosan
Artikel Terkait
Karawang Buhun, Pinuh Intrik kantos tunduk ka Sultan Agung
Jalur Niaga ka Talagamanggung nu Dibere Ngaran Jalan raya Pajajaran Heubeul
Sumpah Raja Sunda Nu Pikakeu’Eungeun