Hirup Kumbuh Urang Baduy Kanekes
Ku Mang Yabu
Masarakat Baduy nu tepi ka kiwari masih keneh kentel nuturkeun adat istiadat, lain ngarupakeun masarakat terasing, mencil, atawa masarakat nu kasengker tina kamekaran dunya luar. Hubungan atawa kontak maranehna jeung dunya luar geus aya ti saprak abad 16 Masehi, nyaeta jeung Kasultanan Banten. Ti mimiti harita lumangsung anu disebut tradisi “seba” minangka panungtung pesta panen turta mihurmat karabat non Baduy nu nganjrek di luar Kanekes. Pikeun Kasultanan Banten tradisi Seba kasebut ngandung harti sabage 'tundukna' urang Baduy ka pamarentahan karajaan satempat (Garna,1993).
Saterusna, sakumaha ditulis ku Girang Puhu Bale Budaya Baduy Yayasan -Paku Tangtu Telu- dina blogna, tug tepi ka kiwari upacara Seba kasebut masih keneh dilumangsungkeun sataun sakali, mangrupa nganteuran hasil bumi (pare, palawija, bubuahan) ka Gupernur Banten. Di widang tatanen padumuk Baduy Luar ngayakeun hubungan nu hangkeut jeung masarakat sejen nu lain Baduy, upamana dina hal 'sewa menyewa' taneuh, jeung tanaga buruh. Perdagangan nu mangsa baheula dipigawe ku cara silih tukeur (barter), ayeuna geus ngagunakeun duit rupia sakumaha ilaharna. Urang Baduy ngajual hasil tatanen mangrupa bubuahan, madu, jeung gula kawung/aren ngaliwatan para tangkulak. Maranehna oge barangbeuli kabutuhan hirup nu henteu diproduksi ku sorangan. Pasar pikeun urang Baduy perenahna di luar wilayah Kanekes saperti pasar Kroya, Cibengkung, jeung Ciboleger.
Sagigireun eta, urang Baduy di Kanekes, ti mimiti para karuhun mibanda syair-syair atawa pantun-pantun. Anapon syair atawa oge pantun kasebut ngagunakeun basa nu dipake sabage media utama dina lisan sapopoe Baduy tapi ngandung pituah, parentah, nyaeta Basa Sunda dialek Baduy nu geus ninggalkeun Kanekes jeung sagala pranata masarakatna. Dina hal ieu saperti adat kapercayaan, kabiasaan, nu nyoko kana akar 'keklasikan' sarta lobana kekecapan jeung unteyan kalimat Sunda Kuno.
Di kalangan masarakat Baduy Kanekes, unsur Sunda Kuno leuwih loba dibandingkeun jeung nu aya di kalangan masarakat Sunda luar Kanekes. Hal ieu balukar tina kacida gugon tuhonna maranehna mulasara titinggal karuhun kaasup di jerona basa. Hal eta drojong oge ku kacida arangna paadek (persentuhan) maranehna jeung budaya luar. Utamana di Tangtu Telu, Cibeo, Cikertawana jeung Cikeusik. Ku kituna, maranehna kacida henteu miwanoh kana undak-usuk basa. Pikeun jalma anu tangtu, undak usuk basa kacida asing. Conto, pikeun jalma kahiji (orang pertama) jeung saha bae maranehna ngomong ngagunakeun sebutan aing, pikeun jalma kadua digunakeun sebutan sia. Urang Baduy Kanekes, kacida demokratis dina ngagunakeun basa. Ieu aya sawatara conto sastera lisan nu dipiwanoh di kalangan Masarakat Baduy:
Mantera
Wangun-wangun mantera sastera lisan nu aya di Baduy Kanekes, di antarana Mantera, Pantun, Pikukuh, Pitutur, Susuwalan, Riwayat, Carita Ra'yat jeung Legenda. Anapon wangun nu pangkolotna ditembong tina sisi basa, kandungan eusi jeung falsafah, sarta napas, nyaeta Mantera. Aki Puun Djainte ti Baduy Jero Cikeusik, nuturkeun yen mantera, jauh leuwih kolot batan pantun sarta Sastera Bambu. Mantera ngawengku ti sababaraha tingkat. Kolot, pertengahan jeung ngora. Mantera ieu oge ditangtukeun pang-ajanganana, siga halna pikeun naon mantera diucapkeun, taun sabaraha ayana mantera kasebut, sarta basa nu dirgunakeunnana.
Ngan bae sanajan kawilang ngorana umur hiji Mantera, fungsina dina kahirupan ritual masarakat Baduy, nempatan tahapan nu pangluhurna. Hal ieu sajajar jeung kadudukan sarta wibawa pikukuh. “ Bisina kagetrak kagetruk, mangkana kudu nanya heula ku omong” (pikeun ngajaga ayana nu kagores, urang kudu bebeja leuwih ti heula), carek Jaro Inas taun 1980, Dukun Pantun ti Baduy Jero Cikeusik, ngeunaan mantera.
Ieu salah sahiji conto mantera masarakat Baduy : Sapun awaking reuk make pasang panjang pasadun pok sablapun/ Meunang Ahung tujuh kali/ Ahung deui/ Ahung deui/ Ahung malungga/ Ahung malingga/ Ahung mangdegdeg/ Ahung mangandeg/ Ahung manglindu asih/ Ka Ambu aing Sira mangambung/ Ka Bapa aing Sira mangumbang/ Pangjungjungkeun panglawungkeun/ Ku Ambu aing sira manglaung/ Ku Bapa aing sira mangumpang/ Pangnyambungkeun aing saur pangngapakeun aing saba/ Ka luhur ka mega beureum/ Ka mega hideung/ Ka mega si karambangan/ Ka mega si kareumbingan/ Ka mega si karenten/ Ka mega si kalambatan/ Ka mega si kaleumbitan/ Ka mega si antrawela/ Ka kocapna/ Ka ucapna/ Ka Puncakning ibun/ Ka guru putra hiyang bayu/ Ka nu weang nyukcruk ibun/ Ahung.......
(Tina Ppantun: Langgasari Ngora). Tingkatan mantera nu dicutat tina mantera nu dipake dina Pasundan Pantun Baduy kasebut, kaasup Mantera tingkat pertengahan.
Ieu nyaeta cutatan tina Mantera nu leuwih ngora, dicokot sababaraha bait bait tina Mantera dina upacara Ngareremokeun (mengawinkan) Nyai Pohaci jeung Bumi. Hiji upacara nu dingaranan oge Ngaseuk. Dina tradisi Adat sunda Wiwitan, mangsa Ngaseuk nyaeta mangsa Ngareremokeun pare nu dibere ngaran kacida endah indah, agung jeung puitis+ADs- Nu Geulis Nyai Pohaci Sri Dangdayang Tresnawati, jeung Taneun atawa Bumi nu boga gelar kacida perkasa:
Weweg sampeg, Mandala pageuh/ Mangka tetep mangka langgeng/ Mangka langgeng tunggal tineung/ Datang hiji datang dua/ Datang tilu nungku nungku/ Datang opat ngawun ngawun/ Datang lima lingga emas/ Datang genep nguren nguren/ Datang tujuh lilimbungan/ Puluhan tanpa wilangan. Tarjamahan bebasna: Mugia nganjrek mugia bagja/ Mugia sentosa ngahiji asih/ Datang hiji datang dua/ Datang tilu silihtangkeup/ Datang opat papasangan/ Datang lima lingga cerlang/ Datang genap papsangan / Datang tujuh ngahiji asih/ Mangpuluh teu kaitung. (*) kenging nyutat tina sawatara bahan aosan
Artikel Terkait
Maluruh Karajaan Holotan di Sawaka Bogor
Mikanyaho Eusi Naskah Sunda Buhun