USUM SAKOLA BALEM
Di mimitian ku heureuyna si Bungsu, pokna teh, “Pa, Dede mah tos pindah sakola….?”. Kuring jeung indungna ngadon silih pelong. “Pindah sakola….?”, ceuk indungna, nu sok geutas harupateun, lamun nanaon teh sok pok torolong. Tara ditamperkeun atawa dibeuweung diutahkeun heula.
“Muhun pindah, pan ayeuna mah SMA 1 Caringin teh diganti ngaran jadi SMA 33 Kabupaten Bogor….!”, ceuk budak bari cungar-cengir.
Euh, ganti nomen klatur meureun, pedah SMA oge SMK kiwari geus dipasrahkeun atawa ditarik pengelolaanana ku Dinas Pendidikan Provinsi. Padahal sangkan ulah cacag nangkaeun alusna mah dunya atikan (pendidikan) sakabehna di-sentralistik-keun atawa dipasrahkeun deui ka pamarentah pusat. Da kabuktian ku ayana otonomi daerah (Otda), loba pemda boh nu statusna kota atawa kabupaten nu teu pati daria ngurus dunya atikan. SKPD Pendidikan nu sipatna tehnis ngadon ditalikung jadi bancakan pulitik pajabat di daerah manehna sorangan. Entong boroning kapala dinasna, dalah PGRI oge Dewan Pendidikan nu sakuduna mah independen tina pangaruh kapentingan bupati atawa walikota, ngadon kabeulit jeung sok di-doktrin sangkan jadi “loyalis” nu sapopoena kudu mindeng “balem”. Padahal pasualan atikan, merlukeun netralitas atawa independensi tina kapentingan-kapentingan pragmatis panguasa boh bupati atawa oge walikota.
Geus lain rusiah deui, pikeun jadi kapala SKPD, kaasup SKPD Pendidikan, bupati oge walikota lain nembong kinerja atawa kualitas si calon Kadis tapi nembong deukeut heunteuna inyana jeung maranehna. Di jaman otonomi daerah minangka produk “Reformasi” satemenna, kroni, jaringan, orbit atawa KKN lain ngurangan tapi ngadon “mahabu” nambahan bari ngadon meubeut meulit. Nya meubeut meulit atuh disebutna da sakabeh Kadis kudu daek rutin “seba” atawa setor “upeti” nu geus dibadamikeun samemeh arinyana jeneng. Enya ceuk basa “preman-na” tea mah kapala SKPD ukur dijadikeun mesin ATM. Teu kitu mah, ulah ngimpi jadi Kadis. Entong boroning jadi inohong nu anegleng diuk di korsi SKPD, batan hayang jadi kapala SD wae kudu loba uculan duit. MO (Modus Operandi) na mah rupa-rupa carana, jeung satemenna gampang katalar batan sakitu nembrakna. Ari kituna tea mah atuh da kuat “teureuh”, apanan urang mah turunan Ken Arok (Bapa Maling ?) moal teuing beakeun akal atuh. Teu oces hirup teh, jeung kumahageuy, maenya aya rampog (begal) bet tinekanan bisa jadi raja ?
Ieu tulisan teh lain pitnah, bisi disangka “wadul” mah nya sok wae paluruh ku sorangan. Cindekna mah di nagri nu geus budjrad-badjred model di urang, kasalahan teh meubeut meulit, hese pikeun ngungkulanana. Kawasna ngan azab Allah Swt. nu bakal bisa memener ieu nagri. Ngan kade ulah salah paham, lain Pangeran (Allah Swt.) dolim ka mahlukna, nepi ka kudu nibankeun azab, teges bongan urangna sorangan nu ngadon milih pagawean nu tambelar tur wani nangtangan bebendon Mantenna. Hirup mah kacida ilmiahna ceuk Mang Ending HW oge, melak bonteng (insya Allah) panen bonteng, melak pare (insya Allah) panen pare. Hartina mah hirup mah estu jinek, jeung moal sulaya atawa pahili, melak goreng panen goreng, melak hade panen hade.
Sakola Balem
Tanda atawa isarah yen hirup urang geus “sampurna” mengpar tina papagon agama, nya mangga geura papaykeun, dunya atikan nu sakuduna jadi tihang moral kiwari mah geus teu bisa diandelkeun. Sakola teu bina ti kotak “Pandora”, urang ukur bakal nembong “alus” luarna wungkul. Ari gedong atawa wangunan sakolana mah nyaan agreng (mewah), sawareh kitu sotenan, da teu sing kitu ari sakola nu dumuk di pasisian mah, batan rea keneh nu walurat. Ceuk nu goreng hate tea mah wangunan proyek (kandang) hayam Haji Juna onaman kaitung alus, ieu mah estu walurat, hateupna ukur ditutupan ku daun eurih, dingding atawa tembokna diseseg ku awi tali nu carang da geus ropoh, balas kahujan-anginan. Hayam jeung ucing kalan-kalan mah sok rajeun milu maturan barudak ngalap elmu di kelaas, moncor ngaliwatan seseg awi atawa panto rohangan kelas nu teu di panel (daun) pantoan. Ari lanteyna ukur dirarata ku huut badag. Cenah mah sangkan teu ngebul atawa ledug teuing ku taneuh. Ari guruna ? Tah lebah dieu anu nembrak dolimna pisan mah watek pamarentah teh, nu ukur “lalambe” alias gede “lalamunan”, cenah hayang ningkatkeun kualitas atikan, bari ari tanggung jawabna dipasrahkeun jeung “teu adeuh” ka guru honor anu kulianana satara jeung pangaji 3 kiloeun harga jengkol.
Tina jihat kapentingan yen kualitas atikan pikeun barudak urang di sakola teh kacida pentingna, moal teuing bisa disisilihan atawa komo diantep sakarepna onaman. Naha pamarentah minangka pihak nu boga pancen jeung kawajiban pikeun ngokolakeun atikan di ieu nagri teu weruh (nyaho, apal) kitu yen satemenna urang kiwari keur ngarandapan nu ceuk ahli elmu sosial, “penghumusan” sosial (generasi) ? Pikeun cirina mah tingali wae, diantara barudak urang rea nu hirupna liwar, generasi nu leuwih loyog jeung madep pikeun jadi anggota geng motor. Teu kurang-kurang nu leuwih milih jadi begal atawa resep ngalulugukeun tawuran. Generasi nu kalandep jeung nyandu pikeun “nyuntik” narkoba, “nyekek” bir oplosan atawa tindakan jeung tingkah polah nu teu taat azas atawa hukum. Generasi nu hengker (lemah), generasi parepeh jaman “kasarung”, nu geus teu nyaah atawa lebar ka hirupna (nyawa) sorangan. Komo ka nyawa batur mah, meni ararenteng, balarea ukur dianggap sato “rametuk”. Nu hirupna teu kudu dililakeun deui, harita ngarubung “napuk”, harita keneh kudu di “puput”.
Ti sakola balem, urang dikiwari boga generasi “balsem”, atawa generasi “lem”, nu hirupna lanus jeung teu jamuga, bari sagala rupa tindakanana ukur ngarisikeun batur. Hirup nu heureut pikir, nyingsat da bongan heureut pakeun, hirup nu ngan saukur nepi ka kumaha carana sangkan poe ieu bisa manggih dahar. Nyuprih elmu, ngadawamkeun leukeun diajar, atawa bibilintik diajar wekel gawe atawa jejem usaha nu pantes pikeun jadi jalma nu “beradab” mah, estuning mumul atawa embung.
Ngaliwatan sakola balem dikiwari oge urang nyaksian, aya paslon nu unggul dina Pilkada padahal inyana teh ku KPK geus dibere status “tersangka” (koruptor). Ku harianeun puguhanan ! (*) (Ajie Supangkat).
Artikel Terkait
Wakil Rahayat
Relasi
PANGREH PAMONG PRAJA
PROTEKSI