Sabtu, 3 Juni 2023

Poe Kebangkitan Nasional 2023 Nasionalisme luntur ku Kapentingan Pulitis

- Jumat, 26 Mei 2023 | 08:43 WIB
ilustrasi salah satu kegiatan dalam rangka memperingati hari kebangkitan Nasional tahun 2023
ilustrasi salah satu kegiatan dalam rangka memperingati hari kebangkitan Nasional tahun 2023

Poe Kebangkitan Nasional 2023 

Nasionalisme luntur ku Kapentingan Pulitis  

SUNDAURANG.ID -- Tanggal 20 Mei 2023 kaliwat bangsa urang mieling naon anu disebut Poe Kebangkitan Nasional anu ka-(1908-2023). Kawilang panjang lalampahan kabangsaan anu sakuduna mingkin nembongkeun kamajuan dina sagala widang kahirupan. Tapi naha dina kanyataanana beuki dieu rarasaan mah asa beuki nambahan karisi jeung kamelang.

   Jaman reformasi ngarobah sagala tatanan kahirupan kanagaraan jeung kamasarakatan. Katerbukaan anu sakuduna jadi kakuatan pikeun ngoreksi sagala kawijakan pamarentah kalawan tujuan bisa leuwih hade, sabalikna nyieun “torek” sabagian pamingpin jeung elite bangsa. Sakalina koreksi diladenan, lainna ngalempengkeun pasualan malah mingkin ngagedekeun pasualan. 

   Kiwari lain hal aneh lamun aya unsur pingpinan jeung elite bangsa nu disangka milampah kagorengan, sarta diuar-uar ku LSM, disebutkeun eta mah lantaran sirik jeung  boga tujuan pulitis. Lamun geus mingkin kasedekkeun, jawabanana eta mah pitnah sarta anu mitnahna baris diadukeun ka pulisi. Kasus model kitu lain hiji dua, tapi euyeub sarta pamustungnana euweuh katuluyunana.        

   Minangka conto kasus Bank Century, kasus mafia pajak anu nyebut-nyebut pausahaan Bakrie, usul hak angket ngeunaan mafia pajak  anu gagal, kasus pelesiran ka luar nagri anggota DPR, sogok Sesmenpora, sarta kasus PSSI, anu panganyarna padungdengan (polemik) Menko Polhukam jeung Komisi III DPR eta kabeh  ngebrehkeun  kapentingan jumplukan leuwih diheulakeun batan kapentingan bangsa jeung nagara. Mun kieu prakprakanana, bangsa jeung nagara ieu arek dibawa ka mana ku para pamingpinna?

   Meungpeung masih keneh aya dina suasana mieling poe Kebangkitan Nasional, henteu salah rarasaan mah upama urang napakuran deui harti kebangkitan nasional anu saestuna. Bangkit hartina hudang, sedengkeun nasional (nation) nurutkeun kamus mah nyaeta beungkeutan (kesatuan) hirup dina hubungan ekonomi, hubungan jiwa anu digambarkeun dina beungkeutan kabudayaan, anu sacara gembleng disebut bangsa.

    Ngeunaan nasionalisme, ieu mah raketna kana spirit, jiwa atawa sumanget anu nganjrek dina diri bangsa urang sewang-sewangan. Nasionalisme bisa ajeg dina diri atawa sabalikna ngawang-ngawang, kumaha angin nu mawa. Nasionalisme, ceuk kamus nyaeta kasadaran diri anu ngaronjat sarta nu diwujudkeun ku kacintaan anu kacida gedena ka nagara sarta bangsa sorangan. Sakapeung, dibarengan ku sikep ngaleutikkeun harti jeung sipat bangsa-bangsa sejen. Nasionalisme di Indonesia tuwuh  sanggeus taun 1905 ku meunangna Jepang ngalawan Rusia sarta mecenghulna organsisasi Boedi Utomo taun 1908.

     Hiji conto ti sakitu lobana conto lunturna nasionalisme kiwari, di antarana kagambarkeun dina Kongres PSSI di Jakarta anyar-anyar ieu. Anu nonjol di dieu kapentingan jumplukan atawa kelompok, sedengkeun kapentingan bangsa dilalaworakeun alatan  nasionalisme sabagian pamilon kongres geus kagadekeun. Masing-masing pihak atawa kubu atawa kelompok, geus mawakarep sorangan. Masing-masing kelompok ngarasa pangbenerna Asas babadamian atawa musawarah geus teu dipalire deui. Antukna, kongres sama sakali henteu mawa hasil sakumaha anu dipiharep. Padahal lamun “dikiratakeun” mah Kongres hartina ngawangkong sangkan beres. Leuwih cilaka deui, balukar tina kongres anu henteu beres eta, lamun henteu bisa ngelelemu FIFA, Indonesia baris meunang hukuman henteu bisa “gaul” dina pasebakbolaan dunya. Pikasediheun!   

     SAJARAH

     Kabangkitan nasional taya lian mangsa hudangna (bangkitna) rasa sarta sumanget persatuan, kesatuan, jeung nasionalisme sarta kasadaran pikeun merjuangkeun kamerdekaan Republik Indonesia, nu samemehna teu kungsi mecenghul salila  dijajah Walanda jeung Jepang. Mangsa eta  ditandaan ku dua peristiwa penting nyaeta ngadegna Boedi Oetomo (20 Mei 1908) sarta ikrar Sumpah Pemuda (28 Oktober 1928). Mangsa ieu ngarupakeun salah sahiji akibat pulitik etis nu mimiti  diperjuangkeun  ti saprak mangsa  Multatuli.

   Para inohong anu jadi panaratas  Kebangkitan Nasional, di antarana nyaeta Sutomo, Gunawan, Dr. Tjipto Mangunkusumo, Raden Mas Soewardi Soerjaningrat (EYD: Suwardi Suryaningrat, saprak 1922 jadi Ki Hajar Dewantara), dr. Douwes Dekker jeung rea-rea deui.

     Satuluyna dina 1912 ngadeg partai pulitik munggaran Indische Partij. Dina taun ieu oge Haji Samanhudi ngadegkeun Sarekat Dagang Islam (Solo), KH Ahmad Dahlan ngadegkeun Muhammadiyah (Yogyakarta) sarta Dwijo Sewoyo jeung rengrengan ngadegkeun Asuransi Jiwa Bersama Boemi Poetra di Magelang. Kebangkitan pergerakan nasional Indonesia lain dimimitian ku ngadegna Boedi Oetomo, tapi dimimitian ku ngadegna Sarekat Dagang Islam dina taun 1905 di Pasar Laweyan, Solo. Sarekat ieu mimtina ngadeg pikeun nandingan  dominasi padagang Cina harita. Tuluy mekar jadi organisasi pergerakan nepi ka taun 1906 robah ngaran jkadi  Sarekat Islam.

     Suwardi Suryaningrat nu ngagabung dina Komite Boemi Poetera, nulis Als ik eens Nederlander was (Saupamana kuring urang Walanda), 20 Juli 1913 nu merotes kenceng kana rarancang   pamarentah Hindia Belanda ngareuah-reuah 100 taun kamerdekaan Belanda di Hindia Belanda. Balukar tina tulisan ieu dr. Tjipto Mangunkusumo sarta Suwardi Suryaningrat dihukum sarta diasingkeun  ka Banda jeung Bangka, tapi lantaran  "meunang milih", duanana dipiceun  ka Nagri Belanda. Di ditu Suwardi malahan diajar elmu atikan sarta dr. Tjipto lantaran teu damang dipulangkeun  ke Hindia Belanda. Kiwari, tanggal ngadegna Boedi Oetomo, 20 Mei, dijadikeun  sabage Hari Kebangkitan Nasional.

Halaman:

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Urang Sunda Baheula

Jumat, 2 Juni 2023 | 08:40 WIB

Benteng Jawa Barat

Jumat, 2 Juni 2023 | 08:28 WIB

BOA URANG, NYA?

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:32 WIB

ITUNGAN POE

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:18 WIB

JENTUL BOGOR

Rabu, 31 Mei 2023 | 17:12 WIB

BONGSOR

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:10 WIB

STATISTIK

Selasa, 30 Mei 2023 | 09:29 WIB

The Chinese Dream

Senin, 29 Mei 2023 | 09:30 WIB

MASYRIK AL MAGRIB

Minggu, 28 Mei 2023 | 19:53 WIB

KADUHUNG

Minggu, 28 Mei 2023 | 11:40 WIB

Leungiteun Budak

Sabtu, 27 Mei 2023 | 23:54 WIB

DEBAT

Sabtu, 27 Mei 2023 | 23:34 WIB

Ngaran teh Doa

Sabtu, 27 Mei 2023 | 23:23 WIB

STATIS

Sabtu, 27 Mei 2023 | 19:15 WIB

USUM SAKOLA BALEM

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:32 WIB

PROTEKSI

Selasa, 16 Mei 2023 | 17:42 WIB

PANGREH PAMONG PRAJA

Senin, 15 Mei 2023 | 08:23 WIB

Relasi

Senin, 8 Mei 2023 | 08:59 WIB
X