Rabu, 27 September 2023

Benteng Jawa Barat

- Jumat, 2 Juni 2023 | 08:28 WIB
Pasukan Siliwangi benteng Jawa Barat
Pasukan Siliwangi benteng Jawa Barat

Benteng Jawa Barat

SUNDAURANG.ID -- Sami tanggalna,  20 Mei tapi beda taunna, Poe Kebangkitan Nasional dipieling sakalian jeung Poe Lahirna Kodam III Siliwangi, anu salila ieu jadi benteng Jawa Barat tina sagala rupa gangguan kaamanan. 

     Nurutkeun catetan sajarahna,  Kodam III Siliwangi nu diwangun tanggal 20 Mei 1948 ngarupakeun gabungan ti 3 Divisi di daerah Jawa Barat jeung sabudeureun. Kaasup  Divisi munggaran nu diwangun ku militer Indonesia sanggeus kaluarna parentah diwangunna  TKR dina  5 Oktober 1945 dina mangsa perjoangan kamerdekaan. Sanajan nalika diadegkeun ampir bareng jeung sababaraha Divisi sejenna harita, ngan bae ngaran "Siliwangi" wungkul nu masih awet nepi ka diwangunna Kodam III Siliwangi.

     Nu ngalegenda ti Kodam Siliwangi nyaeta pamakean ngaran "Siliwangi" nu tetep dipertahankeun ti awal ngadegna di mana loba Divisi nu harita nu robah-robah ngarana husuna dina mangsa  rekstrukturisasi TNI saperti Brawijaya nu kakara boga ngaran  tanggal 17 Desember 1951, nu tadina Divisi Jawa Timur (Gabungan sababaraha Divisi tempur di Jawa Timur) atawa Bukit Barisan nu kakara boga ngaran tanggal  20 Juni 1950. Hal ieu teu leupas tina  jasa AH Nasution sabage panglima munggarannana nu kacida giat dina nulis fakta-fakta sajarah. Hal ieu anu ngajadikeun ngaran Siliwangi kacida kakoncara dina dina sajarah militer Indonesia dibandingkeun Kodam sejenna.

     Siliwangi oge jadi kacida konyasna  berkah tina  record Tour of Duty-na nu kawilang luhru dina numpes pemberontakan di Nusantara, mimiti ti  Operasi pembersihan komunis di Madiun, jeung ngancurkeun gerakan DI/TII di Jawa Barat. Kodam Siliwangi oge ngarupakeun wadah tempat lahirna pasukan elite komando munggaran Indonesia nalika  dipingpin ku AE Kawilarang, ditambah ku lokasina nu deukeut jeung Jakarta, Kodam ieu oge boga peran penting dina numpes  G30S/PKI dina dekade 60-an

     Masih nurutkeun catetan nu aya,  Kodam III Siliwangi kawilang kakoncara du dunya  militer Indonesia lantaran record tour of duty-na nu kawilang luhur. Ampir sakumna operasi militer di nusantara, sarta malahan misi-misi  perdameyan  PBB ngalibetkeun satuan teritorial asal Priangan ieu. Unsur-unsur tempur ti Kodam Siliwangi nu diwakilkan ku Batalyon Kujang junun newak  SM Kartosoewiryo di gunung Geber, nalika  Operasi Pagar Betis pemberantasan DI/TII dilancarkeun nu nandaan  ahir tina gerakan kasebut.

     Dituluykeun ku operasi panumpesan PRRI/Permesta di Sumatera nu ngarupakeun tugas munggaran Siliwangi di luar pulo Jawa. Nalika perang saudara kajadian di Kongo, pamarentah marentahkeun Kodam Siliwangi sangkan nyiapkeun satuannana  pikeun milu aub ka pasukan PBB nu dipiwanoh kalawan ngaran Konga II atawa Kontingen Garuda II nu kawilang junun.  Record militerna henteu nepi ka dinya. Nalika Soumokil cs ngumumkeun ngadegna RMS, Kodam Siliwangi diBKO-keun bareng satgas TNI sejenna milu ngagempur kadudukan RMS. Harita, AE Kawilarang nu ngajabat Pangdam ngarasa terkesan, ku resistance pihak RMS nu dimotoran ku  urut  pasukan komando Belanda. Pamustunganana, anjeunna mutuskeun  diwangunna  pasukan komando munggaran Indonesia RPKAD.

      Nu mimitina ngarupakeun satuan tempur di lingkungan Kodam Siliwangi, nepi ka ahirna diserahtarimakeun ka direktorat AD nu satuluyna dijadikeun kesatuan anu mandiri. Nalika Kahar Muzakar berontak di Sulawesi, Pangdam Kodam XIV Hasanuddin Kolonel M Jusuf menta sangkan dibere akses pikeun nga-BKO-keun unsur-unsur Siliwangi dina komandona, lantaran teu percaya ka pasukan lokal ti  Kodam Hassanudin, sarta leuwih percaya kana  kualitas tempur ti  Yon-yon  Infanteri Siliwangi. Seueur keneh carita-carita hebat, tapi samentara ieu ngan sakitu  nu tiasa kapidangkeun. Wilujeung Tepung Taun ka-66  Kodam III Siliwangi .... (*) Mang Yabu, tina sawatara bahan aosan

 

 

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Ceuk Pa Guru

Jumat, 7 Juli 2023 | 19:17 WIB

Pornografi

Kamis, 15 Juni 2023 | 08:12 WIB

Urang Sunda Baheula

Jumat, 2 Juni 2023 | 08:40 WIB

Benteng Jawa Barat

Jumat, 2 Juni 2023 | 08:28 WIB

BOA URANG, NYA?

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:32 WIB

ITUNGAN POE

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:18 WIB

JENTUL BOGOR

Rabu, 31 Mei 2023 | 17:12 WIB

BONGSOR

Rabu, 31 Mei 2023 | 16:10 WIB

STATISTIK

Selasa, 30 Mei 2023 | 09:29 WIB

The Chinese Dream

Senin, 29 Mei 2023 | 09:30 WIB

MASYRIK AL MAGRIB

Minggu, 28 Mei 2023 | 19:53 WIB

KADUHUNG

Minggu, 28 Mei 2023 | 11:40 WIB

Leungiteun Budak

Sabtu, 27 Mei 2023 | 23:54 WIB

DEBAT

Sabtu, 27 Mei 2023 | 23:34 WIB

Ngaran teh Doa

Sabtu, 27 Mei 2023 | 23:23 WIB

STATIS

Sabtu, 27 Mei 2023 | 19:15 WIB

USUM SAKOLA BALEM

Rabu, 24 Mei 2023 | 15:32 WIB
X