Rabu, 27 September 2023

Mieling Tepung Taun ka-541 Bogor, Kampung Panaragan Dipingpin Sersan Nalasinga

- Jumat, 2 Juni 2023 | 08:11 WIB
Mieling Tepung Taun ka-541 Bogor
Mieling Tepung Taun ka-541 Bogor

Mieling Tepung Taun ka-541 Bogor

Kampung Panaragan Dipingpin Sersan Nalasinga 

SUNDAURANG.ID -- Dinten Sabtu ping 3 Juni 2023, Bogor baris mieling tepungtaun  ka-541. Dina kasempetan ieu biasana dijentrekeun ngeunaan sajarah Bogor, nu eusina siga kitu-kitu keneh. Namung, pikeun langkung uninga deui naon alesanana pangna tanggal 3 Juni ditetepkeun sabage hari jadi Bogor, ieu aya catetan R Saleh Danasamita (alm) anu nyusun Buku Sajarah Bogor jilid I.

     Numutkeun Saleh, gagasan pikeun mastikeun hari jadi Bogor dina munggaran taun 1968 ti Pemkot Bogor, kalawan “ilham” ti Hari Jadi Jakarta. Kawitna, dina taun 1969 sebutanana nyaeta “Hari Jadi Kota Bogor”. Satutasna Pemilu 1971 aya karaketan hubungan antawis Pemkot sareng Pemkab Bogor, anu satuluyna diantebkeun ku pingpinan DPRD masing-masing. Saparantos aya kasaluyuan dina sidang gabungan istimewa di loby Gedong Merdeka (kiwari mall PGB), sarta kadua DPRD saluyu netepkeun Hari Jadi Bogor dina 3 Juni 1482. Ku kituna, kalimah “Hari Jadi Kota Bogor” dirobah ku kalimah “Hari Jadi Bogor”. Sidang gabungan harita diayakeun dina 3 Juni 1972, nalika Bupati Bogor Ir Wisatja Sasmita (alm), sarta Walikota Bogor harita Achmad Sham, nu diluuhan oge ku Wagub Jabar harita nyaeta M Nasuhi (alm).

     Ieu kaputusan dumasar kana kasaluyuan sarta kayakinan yen Bogor milik kadua pamarentahan katut masarakatna. Ditilik tina aspek sajarah jentre oge, ngaran Bogor teh mimitina mah ngarupakeun puseur dayeuh (ibukota) tur cikalbakal ngaran Kabupaten Bogor. Sedengkeun istilah “Regentshap Buitenzorg” kakara mecenghul dina taun 1905 sarta ngan digunakeun dina forum-forum resmi.

     Kabupaten Bogor diwangun taun 1745 sabage beungkeutan (gabungan) ti 9 “cutak” nyaeta Kampung Baru, Cisarua, Pondok Gede, Cijeruk, Sindangbarang, Ciomas, Balubur (Cibubur) jeung Darmaga. Ieu wewengkon dipingpin ku Kepala Kampung Baru anu dibere gelar Demang. Lantaran pingpinan pamarentahan nyiruruk di dinya, mangka satuan pamarentahan ieu disebut “Negeri” atawa ”Kabupaten” Kampung Baru.

     Kampung Baru diadegkeun taun 1687 kalawan ngaran Parung Angsana. Dina taun 1689 sanggeus Leutenant Tanu Jiwa pindah ti Kampung Baru Cipinang ka kampung eta, ngarana dirobah jadi Kampung Baru oge. Kiwari ieu wewengkon disebut Tanah Baru ayana di kuloneun Cimahpar. Dina taun 1752, Bupati Kampung Baru Demang Wiranata pindah ka Sukahati nu ayeuna disebut Kampung Empang. Disebut Empang lantaran di payuneun patempatan bupati dijieun empang/kolam atawa situ. Sedengkeun Kampung Bogor dipingpin ku Ngabei Raksa Candra sarta perenahna teu jauh ti pasar Bogor kiwari, pasna di bagian jero Kebun Raya di kebon Kaktus anu ayeuna disebut Taman Mexico. Nu eces, ngaran Kabupaten Kampung Baru lila kalilaan kadeseh sarta pamustungnana mucunghul ngaran Kabupaten Bogor, lantaran puseur pamarentahanana harita ayana di Kota Bogor.

     Ditilik tina aspek pisik, Kota Bogor kawilang anyar, saeutikna nurutkeun versi Baron van Imhoff taun 1744/1745. Bogor nu disebut Buitenzorg salawasna dihubungkeun jeung tokoh Baron van Imhoff. Tapi tetela, yen Bogor henteu tuwuh tina tina 'titik' Buitenzorg tadi. Dina taun 1690, Singa Prana, salah saurang anak buah Tanujiwa ngadegkeun Kampung Bantarjati. Taun 1703 maranehna ngadegkeun Kampung Sempur, sarta sataun ti harita ngadegkeun Kampung Baranangsiang, kaasup Pulo Geulis. Sarta dina taun 1709 Kampung Panaragan oge geus ngadeg, anu harita dipingpin ku Sersan Nalasinga.

     Jadi, samemeh Baron van Imhoff ngadegkeun imah pangreureuhan “Buitenzorg”, di Bogor geus aya pamukiman. Maranehna sabagain gede asalna ti Sumedang jeung Banten. Ti maranehna pisan, Sersan Scipio (1687) jeung Kapten Adolf Winkler (1690) meunang katerangan yen prasasti Batutulis ngarupakeun titinggal karajaan Pakuan Pajajaran, nu diparentah ku Prabu Siliwangi. Malahan harita, Winkler mah kungsi nembong tempat urut Karaton dumasar panuduh padumuk Bogor harita.

     Jadi, ebreh yen Bogor lain tuwuh tina titik Buitenzorg, malahan mah sabalikna. Caritana, Gubernur Baron van Imhoff milih taneuh saluwuk (sebidang) nu mincut hatena pikeun tempat pangreureuhan, lantaran ayana henteu jauh ti panyicingan padumuk. Jadi yakin, tina segi ieu henteu pas lamun ngahubungkeun 'Hari Jadi Bogor' jeung tokoh Baron. Sanajan manehna anu mawa ngaran Buitenzorg tur anu nyiptakeun Kabupaten Kampung Baru nu satuluyna tuwuh sarta baganti ngaran jadi Kabupaten Bogor.

     Ngeunaan titi mangsa hari jadi Bogor henteu leupas tina lalampahan sajarah Bogor mangsa Pajajaran, dieuyeuban ku hal-hal anu aya patalina jeung hal eta dina rineka wangun. Saperti pantun Bogor yasana juru pantun Cilong kalawan judul “Ngadegna Dayeuh Pajajaran/Bogor” anu henteu nyabit-nyabit ngaran Buitenzorg. Hal ieu pisan anu ngajurung kasaluyuan Pemkot jeung Pemkab Bogor pikeun nangtukeun titimangsa Hari Jadi Bogor, tina mangsa Pakuan Pajajaran kalawan rajana Prabu Siliwangi.

     Tina sumber-sumber resmi sajarah tiasa kauninga tilu hal utama: 1) Tokoh Prabu Siliwangi sami sareng Sri Baduga Maharaja; 2) Inyana diistrenan sabage raja 97 taun samemeh Pakuan Pajajaran burak; 3) Saprak diistrenan, puseur dayeuh anu tadina di Kawali (Ciamis) dialihkeun ka Pakuan Pajajaran, tur henteu pindah deui nepi ka runtuhna Pajajaran dina 1579.

     Ku kituna, urang tiasa uninga rehna Sri Baduga Maharaja dinobatkeun sabage Susuhunan Pajajaran dina taun 1482 Masehi, kalawan gelar Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Tangtu Dewata. Dina taun harita keneh Pakuan Pajajaran jadi puseur pamarentahan, sarta gelar tadi henteu diturunkeun deui sanajan ka putra-putra anjeunna sorangan. Tina Pantun Bogor urang oge kenging katerangan rehna dina mangsa Pajajaran, di puseur dayeuh biasa diayakeun upacara taunan nu disebut Gurubumi jeung Kuwerabakti minangka rasa mulangtarima sarta syukur kana hasil panen dina tahun harita. Tina aspek kasajarahan ngeunaan hal eta, masih keneh aya sumber otentik anu bisa dipertanggungjawabkeun.

     Dina koropak No 406 nu make basa Sunda kuno diberitakeun: yen para raja di kawasan Galuh dikudukeun datang nyanghareup ka Pakuan dina saban taun; 2) Oge dina sumber tadi dijelaskeun, yen barang-barang anu kudu dibawa ku unggal raja daerah di antarana anjing panggerek (anjing moro); 3) Nurutkeun catetan Tom Pires dina taun 1513, rehna raja Sunda nyaeta saurang atlit sarta paninggaran nu maher; 4) Masarakat Baduy jeung masrakat Sunda Tradisional di basisir kidul nepi ka kiwari masih migawe upacara Gurubumi atawa sidekah bumi dina wangun upacara nu husus atawa digabungkuen jeung upacara serentaun (penggantian kalender pertanian).

Halaman:

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

LALAJO PINTONAN WAYANG CIREBON NU ECES UNIK

Rabu, 31 Mei 2023 | 19:43 WIB

Urat Jagat, Bukti Sajak Sunda Mendunia

Selasa, 9 Mei 2023 | 09:39 WIB

Lalajo Pintonan Teater di DAPUR SENI TEATER

Jumat, 5 Mei 2023 | 07:47 WIB

Wajib Nyarita Basa Sunda

Kamis, 27 April 2023 | 13:08 WIB

Rada ngahuleng, Hareugeueun

Selasa, 25 April 2023 | 06:30 WIB

Ulah Tumpur Atawa Maren Memeh Usum

Selasa, 18 April 2023 | 04:40 WIB

Hurup Arab Pegon, Pepeling, Jeung Siar Islam

Selasa, 18 April 2023 | 04:13 WIB

Almenak Sunda Kawas Kumaha?

Kamis, 13 April 2023 | 23:43 WIB

Ngawanohkeun Budaya jeung Sajarah

Kamis, 13 April 2023 | 23:26 WIB

Neuleuman Niley Joang Kumbakarna

Sabtu, 8 April 2023 | 10:28 WIB

Benjang , Olahraga Bela Diri Tumpur Memeh Usum

Rabu, 29 Maret 2023 | 23:12 WIB

Tembang Cigawiran, Kawih nu Maneuh ti Garut

Sabtu, 25 Maret 2023 | 22:44 WIB

Téater Uyeg Kiwari Jadi Kareueus Urang Sukabumi

Jumat, 17 Maret 2023 | 19:53 WIB

Iket Sunda, Siga Kumaha Riwayatna

Kamis, 16 Maret 2023 | 15:04 WIB
X