Sabtu, 3 Juni 2023

IBIK Ngembangkeun Batik Khas Bogor bareng Kampus ti Malaysia

- Kamis, 18 Mei 2023 | 06:11 WIB
IBIK Ngembangkeun Batik Khas Bogor bareng Kampus ti Malaysia
IBIK Ngembangkeun Batik Khas Bogor bareng Kampus ti Malaysia


SUNDAURANG.ID --Institut Bisnis jeunh Informatika Kesatuan (IBIK) babarengan jeung Universiti Teknologi Mara (UiTM) Malaysia, nguatkeun usaha batik khas Bogor, minangka salah sahiji produk budaya Indonesia, anu dilakukeun di Kampung Batik Cibuluh, dina program kolaborasi Pengabdian Masyarakat (PKM).

Dina program kasebut, duanana ngalatih sajumlah kelompok UMKM Kampung Batik Cibuluh, Juma’ah kamari (5/5/2023). Ieu kagiatan teh ngangkat tema “Community Empowerment Through Assisting in Production Costs, Digital Business, Governance and Cultural Product Tourism (Batik)”.
Wawakil Humas IBIK, Hendra Setiawan netelakeun, usaha industri rumahan (home industry) mindeng henteu merhatikeun biaya depresiasi produk. Ku kituna, dina mangsa parabota anu digunakeun dina proses produksi perlu meuli deui, justru ngakibatkeun biaya tambahan dina biaya produksi. Ku kituna, rupa-rupa perhitungan inti saperti biaya bahan baku, biaya jasa pengerjaan batik, persediaan, sarta penyusutan/depresiasi, anu dipedar dina seminar, jadi  penting pisan.

Lain ngan saukur panalungtikan, IBIK oge ngajak sangkan aya studi banding para pelaku UMKM, pikeun nganjang ka tempat usaha batik sejenna. Eta hal teh dilakueun sangkan aya referensi, dina nangtukeun cara anu efisien, khususna di bagian produksi. Ku kituna, ku ayana perhitungan anu hade, ti mimiti biaya inti produksi, matak ngabantu para pelaku UMKM dina nangtukeun harga jual pikeun produk-produkna. Salianti eta oge, ngurangan resiko karugian di mangsa kahareup, akibat ayana biaya tambahan anu can diperkirakan.

“Upamana harga jual produk geus ditangtukeun, para pelaku UMKM ngan perlu merkirakeun kumaha  produk kasebut bisa dipasarkeun,” ungkabna.
Wawakil ti Universiti Teknologi Mara (UiTM), Maslinawati Mohamad, netelakeun, pikeun pasualan pemasaran produk, unggal pelaku UMKM tangtu kudu ningali pasarna sewang-sewangan.
Upamana produkna batik, para pelaku UMKM kudu ningali, batik naon anu loba dipikaresep ku pasar maranehna, atawa target pembelina.
“Minangka conto, aya loba batik Indonesia anu dijual di Malaysia ku ngagunakeun warna-warna pastel, kulantaran pasar Malaysia mah didominasi ku kalangan barudak ngora, anu condong resep kana warna-warna anu henteu pati moronyoy,” ugkabna.
Batik oge identik kana filosofina. Pedaran ngeunaan filosofi batik sorangan bisa jadi daya jual sejenna. Contona, coraknya gambar naon, pedaranna pakait filosofi gambar kasebut oge kudu aya. Ku kituna, anu meuli teh jadi apal, yen batik teh miboga nilai leuwih,” ungkabna. (rb/gege)

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

IPB University Jeung Kumis Ucing

Rabu, 17 Mei 2023 | 15:53 WIB

SMAN 1 Nanggung Ngantongan Adiwiyata Jabar

Kamis, 11 Mei 2023 | 08:38 WIB

PGRI Parung Ngayakeun Silaturahmi Antarguru

Kamis, 11 Mei 2023 | 08:34 WIB
X