Sabtu, 3 Juni 2023

Pameunteunan Stratifikasi Sakola jeung Madrasah Sehat, Pemkot Bogor Ngayakeun Sosialisasi

- Kamis, 18 Mei 2023 | 23:24 WIB
Pameunteunan Stratifikasi Sakola jeung Madrasah Sehat, Pemkot Bogor Ngayakeun Sosialisasi
Pameunteunan Stratifikasi Sakola jeung Madrasah Sehat, Pemkot Bogor Ngayakeun Sosialisasi


SUNDAURANG.ID -- Bagian Kesejahteraan Rakyat (Kesra) Setda Kota Bogor ngayakeun Rakor Penguatan Kelembagaan Tim Pembina Unit Kesehatan Sekolah (TP UKS) Sakola/Madrasah tingkat Kota Bogor 2023 di Istana Ballroom, Hotel Salak The Heritage Bogor, Salasa (16/5/2023). Rakor anu dibuka ku Wakil Wali Kota Bogor, Dedie A. Rachim jeung Sekretaris Daerah (Sekda) Kota Bogor, Syarifah Sofiah ieu, dihadiran ku 90 peserta wawakil ti Disdik, Dinkes, Kepala Sakola RA, TK, PAUD, MI, SD, MTS, SMP, MA, SMA, jeung SMK.
“Poe ieu dilakukeun , kulataran aya parobahan ti Kemendikbud. Jadi, di taun 2023 ieu, geus teu aya deui lomba. Ieu baris diganti ku stratifikasi, anu predikatna berjenjang, ti mimiti tingkat kahiji nepi ka tingkat paripurna,” ceuk Sekda Kota Bogor, Syarifah Sofiah.
Syarifah netelakeun, sabenarna TP UKS Kota Bogor teh geus ngahontal loba prestasi saprak taun 2018. Tapi, pameunteunan lomba TP UKS eureun saprak Pandemi Covid-19. Sanajan kitu, pihakna angger ngalakukeun pembinaan UKS di sakola-sakola. Ku ieu parobahan, sakola-sakola anu kungsi jadi pinunjul TP UKS ge kudu miluan deui pameunteunan. Sanggeus ieu sosialisasi, Kota Bogor baris ngalakukeun pameunteunan mandiri stratifikasi TP UKS ka sakabeh sakola, saluyu kana tingkatannana (TK, SD, SMP, SMA jeung sadarajat), pikeun ningali ieu sakola teh aya di tingkat mana.
“Can aya pameunteunan ti pusat. Tapi, sim kuring saparakanca baris nyiapkeunnana. Jadi, iraha bae pusat rek turun pikeun meunteun, Kota Bogor geus miboga data. Salian ti eta, sakola kasebut oge geus nyumponan syarat pikeun meunang stratifikasi ku predikat atawa tingkat panghadena,” ungkabna.
Di tempat sarua, Kabag Kesra Setda Kota Bogor, Abdul Wahid, netelakeun, pembinaan TP UKS di Kota Bogor teh miboga orientasi kana karakter jeung akhlak. Pasalna, di jaman teknologi saperti ayeuna mah, tangtangan pendidikan teh beurat pisan, nginget lobana siswa anu gumantung kana gawai. Ku ayana program TP UKS, sakola baris ngarahkeun barudak jeung ngarobah kabiasaan barudak. Ku kituna, tujuan pendidikan anu dipiharep, bisa kahontal.

“Konci kaberhasilan barudak teh salian ti kudu pinter, oge miboga karakter jeung akhlak. Jadi, target utama pembinaan UKS ieu nyaeta sangkan barudak sehat, pinter, miboga karakter jeung akhlak,” ungkabna. (rb/gege)

 
 
 

Editor: Muh Afandi

Tags

Artikel Terkait

Terkini

IPB University Jeung Kumis Ucing

Rabu, 17 Mei 2023 | 15:53 WIB

SMAN 1 Nanggung Ngantongan Adiwiyata Jabar

Kamis, 11 Mei 2023 | 08:38 WIB

PGRI Parung Ngayakeun Silaturahmi Antarguru

Kamis, 11 Mei 2023 | 08:34 WIB
X