Teu Aya “Cetak Biru” di Dunya Atikan nu Dihanca Kiwari Ukur pola akademik nu Sipatna Leuwih Mentingkeun Kapentingan Saayeunaeun
SUNDAURANG.ID -- Sakumaha pandangan Prof. Ir. Sutami (suwargi) menteri PU di jaman lelengkah haluna Orde Baru, teu merenah cenah make istilah “cetak biru” atawa “blue print” pikeun narjamahkeun wujud hiji program atawa gagasan di saluareun pasualan tehnik-engenering. Cetak biru hiji program atawa gagasan nu leuwih loba cacarakan basana daripada gambar detailna ti hiji struktur gagasan nu keur di rarancang, jeung nu aya hubungana jeung hiji kagiatan non pisik pikeun jangka waktu anu lila (panjang), menengah, atawa saayeunaeun (pendek), leuwih luyu lamun make istilah tarjamahan “rancang-bangun”.
Cindekna mah, rancang bangun pikeun ngawujudkeun program atikan (pendidikan) di ieu nagri, sabada tiwasna Orde Baru, dina beungkeutan nu disebut GBHN nu eusina mangrupa gagasan atikan pikaheureupeun pukeun ieu bangsa, sarua milu maren, kateug, jeung saterusna mah nepi ka “ngatogna” pisan. Pola akademik atikan di jaman Orde Reformasi, kiwari, lir ibarat nyabut nyere kapuhuna, nu sipatna varsial ukur saayeunaeun. Geura paluruh, lebah muatan kurikulumna anu sakabehna ukur nohonan karep saha nu keur kumawasa alias “pamarentah sentris”. Ganti presiden ganti kawijakan, ganti menteri, ganti deui wae pamolahna. Teu aya nu bisa disarungsum, dirautan, atawa diayuman nurutkeun kawijakan nu leuwih tiheula dilalanyahan, lamun presidena ganti, gugur sakabeh produk titinggal presiden nu heubeul teh. Atikan dianggap ukur baju batik nu bisa sakarep ingsun unggal rek make pakean kudu ganti corak jeung modelna. Guru, budak, ka asup kurikulum, ku pamangku kawijakan atikan anu keur kumawasa ukur dianggap robot atawa “benda mati” nu teu boga rasa, hate, kahayang jeung pangaweruh. Tah ieu anu salah pisan mah, saindeng-indeng guru jeung budak ukur dianggap jalma nu euweuh kanyaho, teu boga pangaruh atawa posisi tawar, jeung ukur jadi parepeh sarta paneumbleuhan lamun atikan dianggap gagal.
Ti jaman Orde Lama nepi ka jaman Orde Reformasi, teu aya hiji presiden oge nu jembar paningalna, lantip pikirana, seukeut angseuna, titih tindakana, kalayan dibarengan ku watek daek handap asor pikeun neruskeun hanca gawe presiden samemeh inyana jeneng, hususna dina widang atikan. Geura paluruh, di jaman Orde Lama, atikan pabaliut jeung pulitik, harita, kaom nasionalis, tokoh agama, para budayawan, kaom akademisi, kaom komunis, kaom sekuler paciweuh adu gagasan, ngarah katangar bari rada pupujieun. Sakabehna hayang kalandep ku Si Bung (Bung Karno) nu keur meumeujeuhna “hejo daun”. Teu bina ti jaman kiwari, di sabudeureun Presiden Jokowi rea jalma nu manjing lamun disebut, “beungeut nyanghareup ati mungkir”, munapek, kadedemes, jeung ukur dikeprokan ku jalma nu watekna ngaharib paripolah tangkal ngamangandeuh.
Ti KTSP Nepi Ka Kurtilas
Naon atuh dosa kurikulum KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) nu satemenna leuwih siger tengah “nga-akomidir” kurikulum produk jaman Orde Baru ka kurikulum produk Orde Reformasi ? Pasualan nu jadi hahalang lain kurikulum KTSP-na, nu cenah teu bisa nohonan robahna jaman, da buktina najan dihubungkeun jeung kamajuan atikan di nagri Jerman atawa AS oge, datangna abad atikan “digital” nu kaalaman ku urang kiwari, tetep ku nagata maju model Jerman atawa AS teu kaudag. Pasualanna mah lain sistim-na, lain kurikulumna, komo lamun bari jeung nyalahkeun guru jeung budak nu jadi muridna onaman ? Gagabah teuing ! Cindekna, kurikulum KTSP lamun wae ditunjang ku sarana anu walatra di sakabeh strata (tingkatan) sakola, nepi ka budak sakola nu dumuk kapulauan Sangihe-Talaud di Sulawesi Utara, murid sakola budak Suku Anak Dalam di Provinsi Bengkulu, atawa barudak sakola nu aya di Sopeng Sulawesi Kidul, nepi ka barudak nu tolab elmu di kapulauan Waigeo, Papua Kulon, wajib narima atikan anu kualitasna sarua jeung SD Menteng 01 di Jakarta Puseur nu kungsi di iluan sakola ku presiden AS (manten) Barack Obhama.
Teu walatrana kualitas atikan di ieu nagri, geus ngahudangkeun karep para “mafia” nu ngahekok milu aub di dunya atikan pikeun ngagiring atikan asup ka jungkrang liberalisme, nepi ka urang nangenan aya sakola “favorit” nu muridna kabeh datang ti kulawarga kaom elit, jeung sakola “marjinal” nu muridna lolobana kurang gizi, bijil ti kulawarga pra-sajahtera.
Lamun kitu dimana nyambungna antara kurikulum KTSP jeung kurikulum Kurtilas (Kurikulum Taun 2013) ? Kudu diaku memang aya benang merah atawa nu rada nyambung diantara dua kurikulum produk Orde Reformasi ieu, nyaeta lebah nempatkeun guru minangka administrator nu kudu kalayan pasehat nerapkeun konsep anu aya dina kurikulum boh mata pelajaran wajib, atawa husus jeung mata pelajaran muatan lokal dina prolog redaksional nu wujudna verbal, baku jeung dogmatis. Satemenna karakter kurikulum urang bakal saumur-umur model kitu wandana, sabab, sakali deui, diktum kurikulum urang nempatkeun guru jeung murid minangka sasaran adminstrasi nu teu bisa ditawar-tawar deui.
Sikep ngagiring sangkan guru jeung murid jadi “mahluk” administrasi, bakal leuwih kanyahoan lamun urang narima raport budak, dina waktuna panarimaan raport, Tengah Semester (TS), Semester Genap jeung Ganjil (S), atawa di Ahir Taun Ajaran (AS). Budak urang prestasi akademikna bakal di tetelakeun ku niley abstrak, A-, A, B+, B, C jeung D, angka “awag” nu teu nembongkeun sagemblengna niley akademik budak urang di sakola. Cilaka ? Tangtu wae cilaka, batan atikan warisan kaom panjajah (Belanda) nu dipasieup dina kurikulum taun 1950 an sareng taun 1980 leuwih mere gambaran anu obyektif prestasi murid-muridna. Naon sababna ? Sabab lamun dina raport budak jaman harita meunang peunteun 8, hartina eta budak satemenna di sakolana boga niley 9 nepi ka10. Niley prestasi akademik di sakalo bakal sakabehna leuwih luhur tibatan peunteun anu aya dina raport budak. Beda jeung budak ayeuna, niley awag 75 (B) bisa jadi di sakolana mah budak urang teh ngan ukur boga niley akademik 60. Cilaka ? Cilaka pisan sabab urang geus ngadorongkeun atawa mere conto nu teu bener kabarudak urang ti keur budak keneh, ti keur di sakola keneh. Dimana kacapangan kolot urang kapungkur anu sakitu banget mahabahna (percaya gembleng), yen sakola mangrupakeun “timbang taraju” moral anu kadua, saparantos norma agama.
GBHN Minangka Eusi Imah Cetak Biru Atikan di Indonesia
Teu bogana cetak biru atawa nu saur Pa Ir. Sutami, teu ayana rancang bangun nu jadi patokan pikeun atikan di ieu nagri diaku ku staf ahli Kemendikbud Bidang Pengembangan Pendidikan Karakter, Arie Budiman. Inyana negeskeun, “cetak biru nu ter-integrasi bari sipatna kontinyu kapungkur aya di GBHN, saparantos Orde Baru maren, acuan pikeun kurikulum jadi teu puguh tuturkeuneun…!” Arie oge netelakeun, “Presiden kaiket ku limit waktuna nu ngan ukur ngajabat 5 taun, kitu oge gubernur, bupati sareng walikota di daerah. Lamun kapilih deui bisa janten 10 taunan, tapi tetep wae teu bisa nohonan waktu nu disadiakeun pikeun miboga pola cetak biru, nu paling sakedikna kedah nyoceng waktu dugi ka 20 taunan, atanapi satara sareng itungan taun sa-generasi…!”.
Sawatara waktu, panalungtik atikan, Indra Charismiaji, nembrakeun, “cetak biru atikan kudu dirarancang kalayan komprehensif bari ngalibatkeun rea nu kalibet, ka asup guru. Cetak biru kudu jadi solusi pikeun memeres pasualan atikan di nagri urang anu tembong mindeng tumpang tindih. Kudu natrat katangen benang merahna, nu nganteng diantara kawijakan atikan ti pamarentah pusat, provinsi oge daerah, kota sareng kabupaten. Ulah kawas kiwari anu katingalna pajiin-jiin, teu ber-sinergi….!”.
Cindekna mah, Otda (Otonomi Daerah) geus nambahan pabeulitna pasualan atikan, komo sanggeus guru dipasrahkeun ka Pemda di daerah, pamarentah kota oge kabupaten, ditambah deui Pemda provinsi nu ti taun ajaran 2017/2018 mimiti ngokolakeun atikan di strata menengah, panjang, ruwet jeung tarahalna atikan mingkin nambahan kahariwang jeung karempan sakabeh kolot nu boga keneh budak sakola (*)(Aji Supangkat, tina sawatara bahan aosan).
Artikel Terkait
Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa
H. Dadang Kahmadi, ajen Atikan, Karaharjaan, Kadewasaan Masarakat Bakal Nangtukeun Kualitas Pamingpin
Nonoman jeung Sistim Atikan
Hardiknas, Atikan jeung Ki Hajar Dewantara