SUNDAURANG.ID -- Pucuk pingpinan Institut Bisnis jeung Informatika, atawa IBI Kesatuan, geus pindah tangan. Korsi rektor anu samemehna ditempatan ku Prof. Moermahadi Soerdja Djanegara, ayeuna ditempatan ku Prof. Bambang Pamungkas. Dina mangsa kapamingpinanna, Bambang miboga komitmen pikeun terus ngawujudkeun visi IBI Kesatuan, nyaeta jadi paguron luhur anu unggul jeung miboga kualitas dina widang bisnis, informatika, sarta pariwisata di tingkat internasional.
“Memang, henteu babari neruskeun ieu prestasi teh. Tapi, sim kuring babarengan jeung para jajaran sarta dukungan pembina, pengurus yayasan, baris ngalakukeun usaha pikeun neruskeun karya gede pingpinan samemehna. Sim kuring saparakanca oge barus ngaronjaetkeun pelayanan prima jeung kualitas pendidikan di ieu kampus,” ungkabna, dina upacara seren sumeren jabatan, Saptu (20/5/2023).
Dirina ge siap ngajawab tangtangan Wali Kota Bogor, Bima Arya, anu menta IBI Kesatuan ngadukung pariwisata Kota Bogor liwat Sumber Daya Manusa (SDM) anu dihasilkeun..
“Sim kuring saparaaknca miboga jurusan pariwisata, manajemen perhotelan, tourguide, nepi ka ngeunaan kadaharan. Sim kuring saparakanca siap nyokot eta peluang liwat pendidikan, nepi ka aub ngamajukeun pariwisata Kota Bogor,” ungkabna.
Rupa-rupa gawe bareng kungsi dilaksanakeun Pamarentah Kota Bogor jeung IBI Kesatuan, utamana saprak taun 2014. Contona, ngeunaan pendampingan UMKM, tim seleksi pejabat, jeung program magang. Salian ti eta, neruskeun eta gawe bareng, Bima oge menta sacara khusus sangkan IBIK nyumponan pamenta pasar jurusan pariwsata dina sagala aspekna.
“Kahareupna, pariwisata teh baris terus jadi tumpuan Kota Bogor. Ku kituna, jurusan pariwisata kudu bisa nyumponan eta pamenta. Kitu deui jeung usaha sim kuring saparakanca dina mapag era digital,” ceuk Bima.
Bima miharep, IBI Kesatuan anu pernahna di jantung Kota Bogor, bisa jadi bagian dina panataan pusat kota, boh sacara infrastruktur, boh SDM.
Rektor IBI Kesatuan samemehna, Prof. Moermahadi Soerdja Djanegara, ngaamanatkeun, perlu ayana gebrakan inovatif jeung konsisten dina ngaronjatkeun panalungtikan jeung pengabdian ka masyarakat. Eta hal baris ngahasilkeun publikasi ilmiah jeung jurnal-jurnal nasional jeung internasional anu miboga reputasi.
“Ieu baris jadi sarana panyebaran hasil panalungtikan jeung pengabdian sacara lega. Ku kituna, bisa mere mangpaat ka masyarakat,” ungkabna. (rb/gege)
Artikel Terkait
Dilandihan Indonesia Mini, SMP Kesatuan Ngagelar Kagiatan Kaagamaan