SUNDAURANG.ID -- Sajumlah 166 Lembaga Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat (PKBM) baris diverifikasi ku Dinas Pendidikan Kabupaten Bogor. Ieu hal teh dilakukeun minangka bentuk pengawasan dina palaksanaan PKBM di wilayah Kabupaten Bogor. Kasie Peserta Didik Paud jeung Dikmas Dinas Pendidikan Kabupaten Bogor, Siswanto,
netelakeun, pihakna geus ngaluarkeun surat edaran ka sakabeh PKBM sangkan geura dilakukeun verifikasi kasebut.
“Dina waktu deukeut, sim kuring saparakanca baris ngalakukeun verifikasi jeung validasi ka 166 lembaga PKBM, da dumasar kana pasal 62 Permendikbud Nomor 63 Taun 2022, pemda wajib ngalakukeun pembinaan jeung pengawasan,” ungkabna, Minggu (21/5).
Diungkabkeunnana, pengawasan teh dilakukeun kana pangelolaan dana Bantuan Operasional Satuan Pendidikan (BOSP) atawa dana alokasi khusus anu ngadukung biaya operasional PKBM. Ku kituna, pihakna menta ka pengelola PKBM pikeun ngalengkepan dokumen anu aya dina instrumen lembar verifikasi administrasi
pendidikan.
“Siapkeun data peserta didik anu geus diinput ka Dapodik, saperti ijazah terakhir, data kependudukan, jeung sajabana,” ceuk Siswanto.
Siswanto netelakeun, eta hal teh pikeun ngaminimalisir ayana indikasi kacurangan dina program kejar paket. Misalna, peserta didik anu henteu miboga ijazah SD, tapi nyokot kejar paket B atawa setara SMP. Upamana lembaga PKBM kabukti ngalanggar aturan kasebut, Disdik Kabupaten Bogor baris mere sanksi, saluyu kana aturan anu lumaku.
“Ku kituna dilarang, sabab tujuan sim kuring saparakanca teh saluyu kana petunjuk teknis pikeun ngalakukeun pengawasan jeung pembinaan sacara keseluruhan,” ungkabna.
Palaksanaan ieu verifikasi lembaga PKBM teh baris dilakukeun ti mimiti bulan Juni kahareup. Tim verifikasi baris ngadatangan lembaga-lembaga anu ngalaksanakeun PKBM di Kabupaten Bogor. (*rb/gege)
Artikel Terkait
YPKMKN Ngajak Unit-Unit Pendidikan Solid jeung Ngalakukeun Sinergi
Penyelenggara Sakola Swasta Tambah Elmu Ngeunaan Perpajakan